Ku: Ridhazia
TERAS Cihampelas, salasahiji ikon Kota Bandung Jawa Barat nu perenahna di Jalan Cihampelas, direncanakeun rék dibongkar.
Padahal saprak diresmikeun dina taun 2017, sataun ti harita skywalk geus asup kana nominasi Anugerah Pesona Indonesia 2017.
Sajaba ti éta, jalur pedestrian nu ngalayang jeung nampung 197 PKL waktu awal-awal dibuka, kungsi jadi salah sahiji nominator dina kategori Tujuan Wisata Anyar Paling Populer (Most Popular New Destination).
Ulah Dibongkar, KDM!
Teras Cihampelas téh lain ukur skywalk, tapi ogé mangrupa destinasi urban nu langka. Ieu gagasan cemerlang dina ngungkulan masalah PKL jeung kamacetan di Kota Bandung jaman Walikota Ridwan Kamil.
Hartina, teu aya alesan nu bener-bener darurat pikeun Gubernur Jawa Barat KDM pikeun ngabongkar Teras Cihampelas. Batan miceun lokasi ekslusif nu geus kawentar tur mayeng, komo deui nu biayana mahal, mending KDM mah fokus kana gagasan anyar baé.
Pasrahkeun baé urusan Teras Cihampelas ka Walikota Bandung Muhammad Farhan. Salaku pejabat anyar nu masih ngora, asalna ti kalangan seniman, mantan anggota DPR, insyaallah urusan Teras Cihampelas mah bakal aya jalan kaluarna.
Evaluasi, jeung Kembangkeun!
Gagasan Teras Cihampelas di Bandung téh lain ide nu goréng, sabalikna malah matak reueus. Komo deui gagasan ieu téh kabentuk tina inspirasi skywalk di sakuliah dunya: Hongkong, Amérika, Bangkok, India, jeung sababaraha nagara séjén.
Gagasan anyar ieu mangrupakeun solusi nu nyayagikeun kanyamanan keur nu leumpang. Ogé ngagampangkeun warga nu balanja supaya teu langsung kontak jeung kendaraan bermotor.
Sumawona, nurutkeun panalungtikan, salaku ruang publik, skywalk téh bisa nyumponan kabutuhan ruang keur pejalan kaki di puseur kota nu mibanda tingkat kagiatan nu luhur (Corbett, Xie, & Levinson, 2009). *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments