SundaNews (14/01/2025). Taman Hutan Raya (Tahura) Djuanda di Kota Bandung jadi tempat tujuan wisata pikeun anu hayang ngarasakeun kumaha rasana suasana leuweung di tengah kota. Lokasina di Dago, legana kira-kira 500 hektar. Tahura nyadiakeun sagala rupa kaendahan alam sarta paninggaan sakarah nu aheng saperti Guha Belanda jeung Guha Jepang. Kitu deui curug, rebuan tatangkalan nu jarangkungna ratusan meter, nepi ka monyet anu arucang angge dina tatangkalan, malah sakapeung mah sok ngadarakeutan menta panyawer kadaharan. Disadiakeun pge tempat kemping. Pangunjung ngan ukur mayar tiket asup Rp 17 rebu per urang. (Foto: SundaNews/Lea Pra Agesthi)
Comments