SundaNews (08/01/2025). Ngarasakeun kumaha suasana Swiss ala Kabupaten Garut, Jawa Barat di kafe ikonik nu kawentar ku julukan Swiss Van Java, kasakseni ku SundaNews dina poe Saptu 4 Januari 2025 nalika asup ngadon reureuh ka Garland Barnville, hiji kafe nu ngusung suasana khas Swissdi Tatar Priangan. Perenahna di tengah amparan héjo gunung-gunung Garut, kafe ieu nembongkeun pangalaman unik tur pamandangan alam nu éndah ngemploh hejo. Wanguna kafe didesain ku arsitektur gaya Eropa jaman baheula. Rupa-rupa kadaharan jeung inuman disayagikeun kalayan hargana teu matak eusi dompet saat (Foto: SundaNews/Melani Amelia Nurdawai).
Comments