Ku: Ridhazia
NASEHAT “di luhur langit téh masih kénéh aya langit” ngingetkeun urang kana pentingna boga sikap handap asor. Henteu kudu gagah-gagahan ku ngarasa diri leuwih sampurna jeung leuwih penting tibatan batur.
Leuwih-leuwih deui sok kompeten. Ngarasa kamampuh diri leuwih luhur batan nu séjén. Padahal salawasna aya batur séjén anu leuwih kompeten tibatan dirina sorangan.
Bias Kognitif
Sok kompeten téh sabenerna hiji bias kognitif. Kajadianana mindeng teu disadari, utamana ku jalma anu ngalaman superioritas ilusif, nyaéta kamampuhna sabenerna handap tapi ngarasa dirina leuwih hebat.
Dina panalungtikan psikologi, bias kognitif téh mangrupa gangguan psikologis nu mucunghul tina prosés mikir anu teu rasional sarta kawatesanan dina nyangking fakta-fakta.
Argumén nu diwangunna sok siga logis tur rasional. Padahal sabenerna gagal ngawangun fakta nu jadi tumpuan nalar anu kuat.
Klaim anu boga poténsi ngawur jeung émosional kitu lainna dirobah atawa dibenerkeun, tapi malah digunakeun pikeun ngadiskreditkeun demi kayakinan anu geus lila dicekel.
Bias kognitif ieu nu sok jadi bibit prasangka négatif. Upama lain stereotip, pasti généralitas anu salah anu ahirna jadi cikal bakal fitnah jeung diskriminasi.*
* Rihazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments