Sim kuring, salaku individu anu mikacinta kana kabersihan kota, ngarasa kageuing ku postingan ti Humas Bandung anu ngagambarkeun kaayaan di TPA Sarimukti, tempat muara sagala runtah urang. Poto anu nuduhkeun antrean panjang treuk jeung perjuangan para supir dina ngajaga kota urang tetep beresih, tetela ngagambarkeun hiji kaayaan anu teu bisa ianggap énténg.
Di hiji sisi, abdi kuring hormat pisan kana dedikasi para supir treuk anu dijadikeun ujung tombak ieu. Aranjeunna kudu ngorbankeun waktu sarta kanyamanan, sakapeung nepika kudu ngéndong di tempat TPA, pikeun mastikeun runtah ti imah-imah urang tiasa kaangkut. Tapi, naha ieu teh ngan ukur tanggung jawab aranjeunna hungkul?
Cek kuring, salaku warga biasa, pasualan utama anu nyababkeun TPA Sarimukti mingkin numpuk jeung pabaliut téh lain ngan dina sistem pangangkutan, tapi dina sikep tambelar urang sakabeh dina ngokolakeun runtah ti mimiti.
PilahSampahdariRumah: Wajib Dilaksanakeun. Lain saukur slogan tapi kudu dilaksanakeun jeung prakna. Kuring meredih ka ssakabeh warga Bandung, sangkan henteu ngadagoan Dinas Kebersihan waé anu nyiapkeun solusi. Pamenta kuring nyaéta:
Kahiji, stop miceun runtah campur aduk. Urang wajib misahkeun runtah organik (anu bisa jadi kompos) sareng anorganik (anu biasa didaur ulang).
Kadu, olah runtah organik di bumi. Mimitian nyieun kompos skala leutik. Ieu tiasa ngurangan volume runtah urang ku 50 persén!
Katilu, ajak tatangga pikeun miluan. Kampanyekeun hal ieu di lingkungan séwang-séwangan.
Lamun unggal imah ngurangan satengah tina runtah anu biasa dipiceun, tangtu antrean panjang treuk di Sarimukti bakal pondok, beban pagawé bakal ngurangan, jeung biaya operasional bisa leuwih épisién.
Kuring ngarasa éra, lamun urang salaku warga Kota Bandung anu pinter jeung modéren, tapi masih kénéh can bisa ngokolakeun runtah kalayan bener. Ayeuna waktuna pikeun urang pikeun babalik pikir yén ngajaga kabersihan téh lain ngan tanggung jawab pihak berwenang, tapi tanggung jawab urang sakabeh.
Mugia sora leutik ti kuring ieu teh bisa jadi panggeuing pikeun tindakan nyata, lain ngan ukur wacana. Hatur nuhun.
Lusy Fitria Ramadhani
Jalan Manisi Gang Bhakti V No.41, RT.4/RW.9,
Kelurahan Cipadung, Cibiru, Kota Bandung





































Comments