Simkuring rek ngebrehkeun unek-unek ngeunaan kaayaan lalu lintas di Jalan Soekarno-Hatta Bandung, utamana di wewengkon persimpangan Kopo Moh Toha, jeung Kiara Condong. Kaayaan macét ampir unggal poe beuki ngaganggu aktivitas warga.
Unggal isuk jeung sore, kendaraan ngaronjat dua kali lipat. Truk-truk gedé nu ngaliwat teu diatur jadwalna, ditambah deui réa kendaraan nu maksa nyalip di bahu jalan. Ieu kaayaan ngajadikeun arus lalu lintas ngagulung panjang nepi ka leuwih ti satengah jam ngan ukur pikeun jarak pondok.
Simkuring miharep pamaréntah kota jeung pihak lalu lintas sngayakaeun panataan lalu lintas deui. Contona ngatur ulang lampu lalu lintas, ngurangan hambatan di bahu jalan, atawa ngalaksanakeun rekayasa jalur dina jam-jam puncak. Warga ngan ukur hayang ningali jeung ngarasakeun ningali parobahan anu nyata supaya mobilitas sapopoé leuwih lancar tur henteu ngaganggu sarerea.
Ravi Ahmad Maulana
JL. Emung No.220/36B RT 01/RW 03 Kota Bandung





































Comments