SURAT TI PAMACA

Jalan Jalur Tunanetra Raruksak

0

KURING hayang  ngedalkeun pamadegan ngeunaan kaayaan jalur guiding block pikeun tunanetra di sababaraha titik di Kota Bandung anu ayeuna loba pisan nu ruksak. Jalur konéng anu miboga tékstur husus dina trotoar atawa tempat umum saperti  di Jalan Merdeka, Jalan Asia Afrika, jeung wewengkon Dago, ayeuna loba anu lalesot meplekan, katutupan ku padagang kaki lima, atanapi henteu katingali deui sabab teu dirawat.

Sajatinna, guiding block téh mangrupa  fasilitas penting pikeun masarakat panyandang disabilitas, utamana pikeun tunanetra. Jalur ieu ngabantu maranéhna pikeun nangtukeun arah jalan, ogé pikeun nyingkahan halangan di sakurilingna. Tapi, kalawan kaayaan ayeuna, jalur éta henteu deui fungsina sakumaha kuduna, malah ngabalukarkeun kasusah sjeung  potensi bahaya pikeun nu ngagunakeunana.

Kaayaan saperti kieu  tangtu henteu saluyu sareng komitmen Kota Bandung minangka kota anu ramah jeung inklusif pikeun sakabeh lapisan masyarakat. Pamaréntah kota kudu leuwih  tanggap pikeun ngalakukeun perbaikan sarta ngatur deui trotoar anu ayeuna loba digunakeun henteu nurutkeun fungsina.

Kuring  miharep Dinas Perhubungan ogé Dinas Pekerjaan Umum jeung Penataan Ruang (PUPR) Kota Bandung bisa  langsung ngalakukeun léngkah nyata pikeun ngabenerkeun fasilitas umum ieu. Guiding block lain ngan saukur pelengkap, tapi hak dasar pikeun nyiptakeun lingkungan kota anu aman, nyaman, jeung  tiasa diaksés ku sakabeh warga.

Najwa Aulia
Jl. Terusan Permai V, No. 21 A, RT 2/RW 8, 
Desa Cipadung, Cibiru, Bandung.

You may also like

Comments

Comments are closed.