SURAT TI PAMACA

Banjir di Kopo Kota Bandung

0

 

 

Unggal hujan gede turun, jalan raya di Kopo Kota Bandung Jawa Barat sok robah jadi lautan cai. Cai ngalentab kaman-mana nepi ka loba  motor sok mogok atawa pareum mesin, nepi ka kudu didorong ku warga sabudeureun. Kaayaan ieu henteu ngan ukur ngarugikeun sacara materi lantaran kudu ngalereskeun kandaraan, tapi ogé ngajadikeun perjalanan capé jeung pinuh ku rasa hariwang.

Banjir nu sok kajadian di Kopo ogé boga pangaruh gede kana kaamanan pangguna jalan. Jalan leueur jeung arus lalulintas anu macét nambahan résiko kacilakaan. Kuring remen ningali sasama pamotor labuh  lantaran maksa ngaliwat cai ngagenclang. Sajaba ti éta, macét parna sok kajadian kusabab loba nu nengan jalur alternatif, antukna  beban lalulintas di sabudeureun Kopo beuki nambahan.

Ningali kaayaan nu terus kajadian unggal usum hujan,  sawadina perlu aya perhatian serius ti pemkot. Masalah ieu ulah diantepkeun kawas nu taya solusi, padahal Kopo téh jalur penting nu dilalakonan ku rébuan kendaraan unggal poé. Lamun banjir ieu terus diantepkeun, tangtu karugian  baris karandapan ku sarerea.

Siti Putri Saadah,
      Kampung Cicalengka, Kecamatan Rongga,
Kabupatan Bandung Barat, Jawa Barat

You may also like

Comments

Comments are closed.