Simkuring hoyang ngedalkeun unek-unek ngeunaan kamacetan anu nu beuki parna di wewengkon Cibiru, utamina di sabudeureun Bundaran Cibiru – UIN Bandung – Jalan Raya Cibiru. Unggal isuk jeung sore, arus kandaraan kacida padetna nepi ka ngabalukarkeun panjangna antrean kendaraan.
Kaayaan ieu leuwih parna lantaran loba angkot anu mandegna atawa ngetem teu dina tempatna, pikeun naék-turunkeun panumpang. Leuwih ti eta, pagawéan jeung perbaikan jalan anu geus lumangsung sakitu lilana ogé teu dibarengan ku panyaluran tawa rekayasa lalu lintas anu bener. Ku kituna, macetna arus lalu lintas mingkin parna sarta ngaganggu kagiatan warga, mahasiswa, sarta para padamel anu rek arindit ka kampus atanapi ka tempat gawena sewang-sewangan.
Simkuringmeredih sangkan mugia Dinas Perhubungan Kota Bandung, Pemrov Jabar, jeung pihak-pihak anu boga kawenangan, bisa nartibkeun kamacetan lalu lintas di bunderan Cibiru nu mingkin parna. Geus meujeuhna pihak pemkot jeung pemprov leuwih kreatif jeung inovatif atuh. Ulah saukur sibuk hayoh wae tebar pesona pencitraan!
Nafisah Nurul Fauziah
Pondok Amie Kost Putri,
Gang Mama Madhawi No. 72a, RT.2/RW.6,
Cibiru, Bandung.





































Comments