SundaNews (21/12/2024). Resimen Mahasiswa Mahawarman ngayakeun rapat komando daérah (rakomda) di Lembaga Pendidikan dan Pelatihan Menwa Tarumanegara, Jl Cipanas Baru, Taragong Kaler, Garut, 3 November 2024. Kagiatan ieu diiluan ku 24 unit satua menwa sa-Jawa Barat. Sedengkeun genep unit séjénna anu teu bisa hadir geus méré persetujuan kana hasil rakomda. Sanggeus sawala konférénsi, rakomda sapuk pikeun ngangkat Mayor Jenderal TNI (Purn.) Karmin Suharma SIP.MA salaku Komandan Resimen Mahawarman Jawa Barat masa bakti 2024-2027(Foto: SundaNews/Nuril Hamzah)
Comments