IN MEMORIAM

Rahayat Teu Percaya Ka Parpol!

0

Ku: Ridhazia

HAL eta  mangrupa pernyataan reflektif ti politisi partai Islam, Chozin Chumaidy (1948-2025), anu bakal diinget ku rahayat Indonésia.

Dina kapasitasna salaku anggota DPR, anjeunna netelakeun yén kira-kira 75 persén tina jumlah penduduk di Indonésia geus henteu percaya deui ka partai politik minangka saluran aspirasi maranéhna.

“Kapercayaan ka partai mimiti luntur sabab partai dianggap teu mampuh ngabela kapentingan rahayat,” saur Chozin Chumaedy.

Innalillahi wa inna ilaihi rojiun

Politisi PPP asal Bandung ogé mantan Duta Besar RI pikeun Libanon (2014-2019), ayeuna parantos mulih ka rahmatullah dina Rebo (23/4/2025) tabuh 02.00 WIB di RS Mayapada, Bandung, Jawa Barat.

Ngabdi di IPB jeung NU

Loba rahayat nu henteu nyaho yén lalaki asal Pekalongan ieu kungsi ngamimitian karirna di IPB Bogor salaku Dékan Fakultas Pertanian IPB.

Jabatanana naék jadi Wakil Rektor Bidang Akademik IPB (2003-2007), jeung janten Ketua Bina Antar Budaya-AFS (American Field Services) cabang Bogor.

Dina organisasi agamis, anjeunna ogé kungsi ngajabat salaku Mustasyar Pengurus Besar Nahdlatul Ulama (PBNU) pikeun periode 2022–2027.

Aktivis PMII

Kagiatan dina organisasi NU jeung partai Islam dimimitian nalika anjeunna aktip di Pergerakan Mahasiswa Islam Indonesia (PMII) jeung Gerakan Pemuda Ansor (GP Ansor). *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in IN MEMORIAM