IN MEMORIAM

Pileuleuyan, Ustad Teladan Muhammad Jazir

0

 

Ku: Rridhazia

Inna lillahi wa inna ilaihi raji‘un.

Warta sungkawa katampa ku  kulawarga  besar Muhammadiyah jeung Masjid Jogokariyan Yogyakarta.

Kitu deui rasa duka pribadi simkuring, sabab kungsi wawuh jeung ustad anu santun tur soléh ieu dina hiji wawancara pikeun salah sahiji média nasional.

Takmir Masjid Jogokariyan, Ustadz Muhammad Jazir ASP, parantos mulih ka Rahmatullah dina Senén, 22 Désémber 2025, dina yuswa 63 taun.

Simbol Transformatif

Alumni Fakultas Tarbiyah UIN Sunan Kalijaga Yogyakarta jeung Fakultas Hukum UII Yogyakarta ieu nalika jumenengna kasohor minangka simbol kabangkitan, sakaligus tokoh kakuatan transformatif dina peradaban Islam.

Salah sahiji bukti inisiatif jeung kerja kerasna nyaéta nalika anjeunna meunang pangajén ti Présidén Habibie minangka Tokoh Perintis Gerakan Al-Qur’an Nasional.

Dina mangsa harita, anjeunna jadi inisiator TK Al-Qur’an ti taun 1986, anu sakaligus jadi conto modél pangajian barudak anu pangsuksésna di Indonésia jeung Asia Tenggara.

House of Masjid

Masjid Jogokariyan ogé jadi salasahiji masjid inovatif anu nawarkeun pangalaman mondok ngaliwatan program House of Masjid.

Tempat mondok anu béda kalayan suasana Islami anu kacida karasana ieu dirancang pikeun méré kanyamanan jeung katengtreman pikeun para wisatawan anu néangan tempat reureuh anu tenang sarta deukeut jeung tempat ibadah.

Solusi Sosial

Masjid Jogokariyan anu diwangun taun 1967, ti mimiti digagasna geus jadi solusi sosial, utamana patali jeung kagiatan Islam jeung ékonomi umat Islam.

Kampung Jogokariyan saméméh robah jadi kampung muslim kungsi kasohor minangka basis komunis para urut prajurit karaton anu kasisihan.

Ngaran “Jogokariyan” dicokot tina ngaran kampung minangka wujud ngalaksanakeun sunnah Rasul, anu ngagunakeun ngaran tempat atawa lokasi.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in IN MEMORIAM