IN MEMORIAM

H. Danny Setiawan, Gubernur Sipil Munggaran di Jabar

0

 

Ku: Ridhazia

Innalillahi wainnailaihi rojiun. Geus mulih ka Rahmatullah Gubernur Jawa Barat periode 2003–2008, H. Danny Setiawan. Anjeunna pupus dina yuswa 81 taun di Bandung.

Warta duka ieu dikonfirmasi ku Gubernur KDM ngaliwatan unggahan dina média sosial, sabada salat Subuh, Saptu (19/9/2026).

Almarhum bakal dipikangetang minangka gubernur ti kalangan sipil munggaran di Jawa Barat anu ngamimitian karirna minangka PNS.

Anjeunna kapilih ngaliwatan pilkada sarta hasil ngarobah lanskap pulitik jeung “tradisi” gubernur di Jawa Barat anu saméméhna loba asalna ti kalangan jenderal aktif, saperti Solihin GP, Aang Kunaefi, jeung R. Nuriana.

Camat Jadi Gubernur. Danny Setiawan ngamimitian karir dina taun 1968 minangka PNS, jadi Camat Cimarga. Karirna terus nanjak nepi ka jadi Kabag Pamaréntahan, tuluy jadi Sekwilda di Kabupatén Lebak.

Taun 1984, anjeunna dipindahkeun ka Pemda Jawa Barat pikeun ngeusian kalungguhan minangka Kabid, tuluy jadi kepala dinas, Sekda, sarta ahirna kapilih jadi Gubernur Jawa Barat periode 2003–2008.

Kasandung Kasus. Lalampahan karir sang PNS anu saméméhna mulus, mimiti nyanghareupan jalan anu pungkal-péngkol sanggeus anjeunna asup kana dunya pulitik partéy.

Taun 2009, sanggeus teu deui ngajabat minangka gubernur, anjeunna malah kasandung perkara korupsi dina pengadaan mobil pemadam kebakaran. Dina perkara éta, anjeunna divonis hukuman panjara opat taun. *

    * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in IN MEMORIAM