IN MEMORIAM

Pileuleuyan, Kang Acil BImbo

0

Ku: Ridhazia

Inna lillahi wa inna ilaihi raji’un.

Raden Darmawan Dajat Hardjakusumah, S.H., M.Kn. atawa Acil Bimbo pupus dina dinten Senen 1 September 2025  jam 22.22 di Rumah Sakit Hasan Sadikin Bandung.

Musisi grup musik Bimbo ieu mulih ka Rahmatullah dina yuswa 82 taun. Anjeunna lahir tanggal 22 Agustus 1943.

Saméméhna anjeunna geus lila meunang pangobatan dokter lantaran gering.

Bimbo

Acil nu legendaris babarengan jeung dulur-dulurna, Sam jeung Jaka, ngadegkeun grup Bimbo ti taun 1966.

Pamusik ti Tatar Sunda ieu henteu ngan saukur hasil ngukir sajarah dina panggung musik, tapi ogé aktipis lingkungan jeung kabudayaan Sunda.

Anjeunna ogé jadi inspirasi ngeunaan kasuksésan atikan di kalangan artis.

Acil meraih gelar sarjana hukum ti Universitas Padjadjaran taun 1974 sarta ngaréngsékeun studi kenotariatan di universitas anu sami taun 1994.

Kitu deui jeung Sam anu ngaréngsékeun studi Sarjana Seni Rupa ITB. Sedengkeun Jaka téh alumni Fakultas Ékonomi Unpad. *

   * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in IN MEMORIAM