IN MEMORIAM

Ted Turner, Gegedug CNN

0

 

Ku: Ridhazia

TED  Turner (1938–2026), panaratas jeung pangadeg CNN (Cable News Network), kiwari geus tilar dunya.

CNN diadegkeun tanggal 1 Juni 1980 di Atlanta, Amerika Serikat, minangka saluran béwara kabel kahiji di dunya. CNN ogé dipikawanoh minangka média anu ngarévolusi industri panyiaran.

CNN ngarobah paradigma siaran béwara anu saméméhna ngan aya dina jam-jam tangtu, jadi liputan langsung (live coverage) salila 24 jam sapoé.

Real Time

Tanpa CNN, béwara televisi ngeunaan perang Iran kontra Israel/Amerika Serikat anu kakara kajadian dina April 2026 kamari moal sagancang kitu kanyahoan ku publik ti TKP (tempat kajadian perkara).

Jaringan CNN geus ngarobah bentang média ngaliwatan liputan langsung anu pangpopulérna, nepi ka ngajadikeun kantor béwara milik Ted Turner ieu jadi panaratas dina jurnalisme real-time.

Utamana dina peran signifikanana ngabentuk opini publik ku narasi-narasi anu béda pisan jeung platform panyiaran séjén saperti BBC, NBC News, jeung ABC News anu saméméhna jadi kantor béwara dunya pangsohorna.

Diduplikasi Al Jazeera

Al Jazeera mangrupa jaringan béwara global anu ngadopsi modél CNN, dikadalikeun langsung ti Doha, Qatar jeung Kuala Lumpur.

Diadegkeun taun 1996, jaringan Al Jazeera ngoperasikeun leuwih ti 70 biro di sakuliah dunya, mucunghul minangka alternatif tina dominasi pemberitaan CNN anu dianggap pro-Kulon.

Utamana ku museur kana sudut pandang “Global Kidul” sarta liputan jero ngeunaan Wétan Tengah, kalayan framing anu dina sababaraha konflik tangtu sabalikna jeung pola pemberitaan CNN. *

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis dan kolumnis, pemerhati psikologi dan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in IN MEMORIAM