Napak Tilas

Radio Malabar: “Halo Bandung, Ieu Den Haag!”

0

 

Ku: Ridhazia

RADIO  Malabar, sala sahiji tinggalan Walanda, ayeuna geus jadi situs sajarah. Gedong stasion pemancar radio di Gunung Puntang, kidul kota Bandung, Jawa Barat,  masih kénéh nangtung tapi teu dipaké, ukur jadi wangunan nu taya fungsina.

Nepi ka Runtuh

Teu katingali aya usaha pikeun ngawangun deui atawa ngalestarikeun éta gedong sajarah télékomunikasi dunya. Beda jeung Radio Grimento di Swédia nu geus direkonstruksi sarta ayeuna jadi Warisan Dunya versi UNESCO.

Padahal Radio Malabar nu boga kakuatan nepi ka 2400 KW éta kungsi kacatet minangka pemancar nu pangcanggih jeung panggedéna di dunya dina jaman harita.

Gedong ieu diwangun taun 1917 nepi ka 1929 ku prakarsa Dr. Cornelius Johannes de Groot, saurang insinyur listrik jeung rékayasa mékanis di Departemén Pos, Télépon jeung Télégrap (PTT) Hindia Walanda.

Halo Bandung, Ieu Den Haag!

Nostalgia ngeunaan éta pemancar radio lain saukur tina éndahna arsitéktur kolonial di tengah leuweung nu kénéh buana harita. Tapi ogé nyimpen kenangan nu teu bisa leungit ku waktu, sabab di lingkungan éta gedong aya hiji kolam cinta. Ceuk carita, éta kolam bentukna siga hate (“love”), dijieun pikeun tempat reureuh jeung ngaleungitkeun capé pagawé.

Tapi di antara sakabéh kenangan ngeunaan Radio Malabar, aya hiji nu kacida kasohorna, nyaéta kecap bubuka komunikasi jarak jauh: “Hallo Bandung, Ieu Den Haag!”

Waktu harita, Radio Malabar jadi hiji-hijina médium komunikasi pikeun urang Walanda di sakuliah dunya, kaasup anu cicing di wewengkon Nusantara.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bndung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Napak Tilas