Napak Tilas

Panineungan Prof. Muchtar Affandi: Kahirupan dina Jaman Pendudukan Jepang (2)

0
Ti saprak 1 Maret 1942, Jepang asup ngajajah Indonesia. Bangsa urang pindah kumawula ti Walanda ka Sodara Tua Dai Nipon (Foto: SundaNews/CNN Indonesia)

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (28/4/2026). Basa tentara Jepang kakara cunduk sarta kaamanan jeung katartiban tacan kapaliré, tepi ka rampog jeung gedor nerekab di mana-mana, aya penduduk urang Désa Sagalahérang anu katarajang robah ingetan. Teu gugur teu angin, manéhna téh ujug-ujug ngamuk bari ngamang-ngamang pakarang, terus ngudag-ngudag batur salemburna. Dina pamustunganana ku manéhna aya anu dipaéhan kalawan teu tuah teu dosa.

Gancangna carita, éta jelema édan téh bisa diraponan sarta ditéwak ramé-ramé terus diasupkeun ka pangbérokan di deukeut alun-alun lebakeun kawadanaan. Barang geus aya sawatara poé, ingetanana jiga anu rék waras deui, da maké bisa diprosés verbal sagala. Barang aya tentara Jepang téa datang ka kawadanaan, kasus rajapati téh ku Pa Wadana dilaporkeun ka Sang Kaptén.

“Nurutkeun hukum militér Jerpang, nu maéhan kudu dihukum pati. Ka dieukeun baé nu boga dosana,” kitu kekecapan tentara Jepang téh.

Teu bisa dikorétkeun, da mémang maranéhanana anu keur nyekel kakawasaan.

Harita kénéh ogé, jelema anu boga dosa maéhan téh, kalawan dipingpin ku Ama Panghulu Sagalahérang dititah heula beberesih, ngucapkeun sahadat, wudu, sarta terus sina salat. Geus kitu kakara dibawa ka tengah alun-alun. Rahayat anu imahna dareukeut ngahaja dikentongan sina nyaksian lumangsungna nibankeun hukuman. Dipaéhanana ku jalan dibedil maké bréngun, ku hiji pasukan anu diwangun ku genep prajurit.

Ari geus nyaraksian sorangan kumaha kerasna tentara Jepang mah, jelema anu boga niat riributan ogé jadi malikir deui, da sarieuneun ditibanan hukuman beurat. Ku conto saperti kitu, kaayaan masarakat jadi aman. Ngan nya kitu téa, aman sotéh lantaran sieun. Katambah deuih apan ti saméméhna ogé geus sumebar béja anu nyaritakeun kumaha barengisna tentara Jepang. Ku sabab kitu, réa pisan rahayat anu ngarasa ginggiapeun. Komo anu kabeneran baroga budak awéwé keur sumedeng rumaja putri mah, da kabéjakeun loba anu diperkosa.

Tilu bulan ti wangkid dilaksanakeunana pamaréntahan militér Jepang, kuring dipindahkeun gawé ka Jakarta. Di Kawadanaan Gambir meunang pancén gawé téh, jadi mantri pulisi.

Kawadanaan Gambir téh mangrupa bagian ti Kabupatén Batawi.

Hanjakal, kakara ogé kurang leuwih genep bulan kuring mancén gawé di Kawadanaan Gambir téh, dina awal taun 1943, pamaréntahan Jepang ngayakeun réorganisasi. Tadina mah, sajalan jeung sistim pamaréntahan dina jaman Hindia Walanda, pamongpraja, pulisi, jeung kajaksaan téh kaasup tilu unsur ti Departemén Jero Nagara (Departement van Binnenlands Bestuur). Jadi sawaktu-waktu bisa digilir-gilir tempat tugas téh. Ti pamongpraja bisa dipindahkeun ka kapulisian atawa kajaksaan, atawa bisa ogé sabalikna, jeung saterusna.

Sistim éta ku pamaréntah Jepang dirombak, teu bisa digilir-gilir kitu. Malahan panempatan di departemén ogé dirobah, dipisah-pisah. Pamongpraja tetep di lingkunganDepartemén Pamaréntahan Jero Nagara, ari kajaksaan mah diasupkeun ka Departemén Kahakiman.

Ngeunaan kapulisian masih kurang tegas, tapi dina praktékna loba kalibetkeun dina urusan kamilitéran.

Sanggeus datang jaman merdéka, kapulisian mimitina mah diurus langsung ku Perdana Menteri, tapi saterusna mah dirobah, nyaéta ditempatkeun di lingkungan Derpartemén Kaamanan Pertahanan (Departemén Hankam), babarengan jeung Angkatan Darat, Angkatan Laut, jeung Angkatan Udara, anu disebut Angkatan Perang téa.

Akibat réorganisasi téa, kuring mancén jadi mantri pulisi di Kawadanaan Gambir ngan ukur meunang genep bulan. Saterusna mah dipindahkeun ka Kantor Besar Kapulisian Jakarta, dina taun 1943, kalawan meunang pangkat “keibu” atawa inspéktur pulisi mun dina jaman ayeuna mah. Balaka baé, teu sreg jadi pulisi téh. Ngan baé kumaha atuh, da teu bisa nolak.

Ngan untungna téh kuring dibéré lolongkrang pikeun milih-milih rék nyokot widang naon. Ahirna kuring nyokot widang pulitik, lain kriminal. Teu pikabogoheun pisan tuda kudu nyekel urusa kriminal mah, anu dina gawé sapopoéna kudu jejeblogan mémérés kajahatan. Komo deui pulisi dina jaman harita mah kawentar pisan kerasna. Malahan sok mindeng kasaksian kacida telengesna deuih.

Dibagi tiluurusan dina widang pulitik téh, nyaéta bagian Indonésia, Cina, jeung Éropa, nu dikapalaan ku urang Jepang, ngaranna upama teu kaliru mah Okamura. Pangkatna teuing naon, da mémang umumna sok dirusiahkeun. Meureun teu sabaraha luhur ari di nagarana mah, padahal di urang mah di antara nu jadi bawahanana téh aya nu jadi komisaris besar sagala rupa, nu harita disebutna “itto keishi”.

Ari nu jadi kapala pulisi bangsa Indonésiana nyaéta Bapa Sutandoko, Basa jaman Walanda kénéh mah pangkatna téh wadana pulisi, dina jaman Jepang dijadikeun “itto keishi”. Wakilna, Bapa Muhamad Yasin, tadina camat pulisi, jadi “nitto keishi”.

Kawantu masih jaman perang kénéh, para perwira pulisi ogé sacara périodik sok pada kagiliran jaga di kantor ti tabuh 16.00 tepi ka tabuh 08.00 isukna. Ari dina poé Ahad atawa hari besar nah sok sapoé jeput jagana téh.

Dina hiji poé kuring ogé kabagian jaga, babarengan jeung Bapa Inspéktur Kapala Abdurahman. Ari nu kudu diganti atawa diaplus téh nyaéta Bapa Inspéktur Pulisi Banténg Kusumahdikarga. Pa Banténg téh dedeganana jangkung gedé, katambah deuih barangasan turta galak pisan. Kaparigelanana dina nangkepan jelema jalema jahat kasohor punjul ti batur deuih.

Kuring datang ka kantor téh tumpak sapéda, ari Pa Abdurahman mah tunggang trém listrik. Kuring datang ti heula, sarta kabagian kénéh ngawangkong jeung Pa Banténg. Teu lila kurunyung Pa Abdurahman, angkat nyacat baé ti tempat setopan trém téh. Sasumping-sumping ka tempat jaga, anjeunna téh ujug-ujug hariweusweus yén waktu dina trém kacopétan pulpén mérek Parker. Bener-bener nékad si copét téh, sakitu Pa Abdurahman téh nganggo seragam dines kapulisian, katurug-turug nyoréndangkeun péstol. Dasar copét Batawi téa.

Saur Pa Abdurahman téh ka Pa Banténg, “Téng, anjeun ku Akang diperih pati, poncorot getih, muga éta barang sing kapimilik deui ku Akang, kumaha baé jalanna mah. Éta pulpén téh boga ajén husus keur Akang. Anu matak, masrahkeun ka anjeun. Nyaho aya deui baé Akang mah. Teu rék ngaborongkeun kumaha carana mah.”

Pa Banténg teu bisa kumaha, kapaksa narima paréntah. Ngan ukur naroskeun wungkul wayah kumaha jeung palebah mana kajadianana téh. Sanggeus diterangkeun, Pa Banténg sasauran, Insya Alloh, urang usahakeun, muga-muga aya miliki kénéh Akang baé.”

Peuting éta kénéh kira-kira wanci sareureuh budak, Pa Banténg geus kurunyung datang deui, sarta pok sasauran, “Tah geuning, Kang, alhamdulillah, kagungan téh tiasa kapendak deui.”

Barang ditingalian ku Pa Abdurahman, teu sak deui éta téh kagunganana anu dicopét téa, da puguh aya inskripsina ogé. Tapi barang dipariksakeun, ti mana sarta kumaha bisana kapanggih deui, Pa Banténg ngan ukur sasauran, “Ah, tong seueur teuing nu dipariksakeun, pokona mah barangna parantos kapimilik deui ku Akang.”

Rupana mah, bubuhan pulisi nu geus kawakan dina widang kajahatan, geus legok tapak genténg kadék, “the underworld” di Jakarta waktu harita geus kakeupeul ku anjeunna, ceuk wiwilanganana mah. Mémang hébat sarta matak hélok pikeun urang luar mah.

Nincak awal taun 1945, kuring katarajang gering parna, tepi ka kudu reureuh di Sanatorium Pacét. Tapi lain cenah ari katerap TBC mah. Maksud utama reureuh téh pikeun ngayakeun obsevasi baé heula.

Aya atohna dititah reureuh téh, sabab pagawéan di kapulisian anu kudu disanghareupan saban poé geus matak ngabosenkeun. Katambah-tambah deuih matak nguluwut kana haté lantaran seueur pisan anu patukang tonggong jeung papahaman sarta pamadegan kuring pribadi. Atuh terus baé titirah di Sanatorium Pacét. Ari barudakkatut indungna mah dititipkeun heula ka lanceuk cikal anu matuhna di Sukabumi.

Sajeroning dirawat téh kasakit kuring terus diobservasi ku dokter spesialis. Saenyana teu parna-parna teuing, teu kudu ngajoprakwaé dina ranjang. Malah asa jagjag nu puguh mah. Sok sanajan kitu, kuring teu hayang gancang-gancang balik deui ka tempat tugas. Mending kénéh cicing di Pacét, itung-itung reureuh badan katut pikiran.

Aya kana lima bulanna titirah di Pacét téh. Waktu gubrag kamerdékaan, kuring masih kénéh cicing di dinya. Nyahona kana proklamasi ogé dina tanggal 17 Agustus kénéh, tina radio.

Kira-kira bulan Séptémber, atawa mungkin baé geus nincak kana bulan Oktober, kuring dipapagkeun aku adi lalaki anu nomer tujuh, Sukroni. Harita manéhna geus jadi tentara. Malah datangna ka Pacét ogé mamaké mobil dines militér.

Kuring diajak balik ka Jampangkulon, lantaran kaayaan geus robah. Cenah, barudak katut indungna ogé geus araya di ditu. Kuring milu ngagabung ka pamaréntah républik. Lantaran tadina gé digawé téh di pamongpraja, kuring milih ngagabung di kabupatén. Harita bupatina Pa Suwardi.*(réngsé)

 *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas