Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (6/6/2026). Dayeuh anu panglobana gunung di wewengkon Jawa Barat, éta téh geus tangtu Tasikmalaya. Mun ditilik tina ukuranana, saenyana teu keuna disebut gunung mah. Paling-paling ogé ukur pasir, atawa gunung leutik. Tingarenclo. Lain waé ukur di pasawahan, tapi deuih di pakampungan.
Éta pangna di Tasikmalaya loba ngaran tempat anu maké kecap “gunung”. Geura waé: Gunung Péréng, Gunung Sabeulah, Gunung Awi, Gunung Dalem, Gunung Ladu, Gunung Roay, jeung réa-réa deui.
Ampir kana 4.000-na gunung atawa pasir anu aya di wewengkon Tasikmalaya téh. Biasana di sahandapeunana téh sok aya hulu cai. Kitu anu kungsi dicatet ku van Bemmelen (1949). Ayeuna mah geus loba anu ditugaran, diarah keusik reujeung batuna. Mana komo sanggeusna kamekaran Tasikmalaya beuki gancang mah. Pangabutuh lahan pikeun dijieun pamukiman katut sarana lianna geus teu kaampeuh. Pamaréntahanana ogé henteu ngan ukur kabupatén wungkul, tapi deuih ditambah ku kota.
Lobana gunung atawa pasir téh balukar tina bituna Gunung Galunggung sakitu abad nu geus kaliwat. Ku rosa-rosana, keusik katut material anu diburakeun dina waktu bitu téh tepi ka jadi tingarenclo ngawangun gunung anyar.
Tasikmalaya aya anu nyurahan keusik ngalayah. Enya bakat ku loba-lobana, satutasna Gunung Galunggung bitu. Aya deui anu boga pamanggih, yén kecap “tasikmalaya” téh tina “tasik” anu hartina situ atawa laut, jeung “malaya” anu hartina dérétan pagunungan di Basisir Malabar (India). Pihartieunana nyaéta lobana gunung téh lir cai laut.
Kecap “tasikmalaya” dipatalikeun jeung puseur pamaréntahan mimiti dipaké téh dina taun 1901, jaman nu jadi bupatina Radén Tumenggung Wiraadiningrat. Kitu anu ditétélakeun ku Ietje Marlina waktu medar ngeunaan sajarah ngadegna Tasikmalaya, dimuat dina buku Sejarah Kota-kota Lama di Jawa Barat, karya Prof. Dr. Hj. Nina H. Lubis, spk.
Dina naskah heubeul, upamana waé Sanghiyang Siksa Kandang Karesian atawa Carita Parahiyangan, wewengkon Tasikmalaya ayeuna téh baheulana mah Karajaan Galunggung. Ti heula-heula mah, urang Kampung Naga, mun nyebut Tasikmalaya téh sok Galunggung waé.
Ceuk sakaol, Karajaan Galunggung ngadegna dina awal abad ka-10 Maséhi. Saterusna ieu wewengkon téh sok disebut Tawang Galunggung. Kecap “tawang” hartina palalangon atawa lahan lega anu plung-plong. Tepi ka ayeuna ogé, di jero kota masih kénéh aya tempat anu dingaranan Tawangkulon.
Karajaan Galunggung tilem, anu gedé kamungkinan waktuna téh méh bareng jeung burakna Karajaan Sunda dina abad ka-16. Najan karajaanana geus ancur, tapi ari pendudukna mah masih kénéh aya, malah terus nambahan. Cindekna, anu euweuh téh pamaréntahanana wungkul, anu tangtuna gé dina waktu saterusna diganti ku pamaréntahan anyar.
Sanggeusna Karajaan Sunda (ku urang-urang remen disebut Pajajaran) kubra alatan dijorag ku pasukan Demak anu ngagunakeun kakuatan Banten jeung Cirebon, lantaran hayang ngawasa Palabuan Kalapa, di wewengkon anu ayeuna jadi Jawa Barat téh ngadeg karajaan laleutik. Nya harita mimiti munculna puseur pamaréntahan corak Islam téh, da saméméhna mah Hindu.
Ti harita disambung ku asupna kakawasaan Mataram ka wewengkon Priangan (taun 1620-an). Nya ti harita urang Sunda mimiti dijajah ku Jawa téh, anu saterusna ditéma ku dijajah Walanda. Kasang tukangna mah lantaran Mataram kahutangan budi ku VOC (Walanda), duméh Amangkurat II dibantuan numpes babarontakan Trunojoyo, nya ahirna wewengkon Priangan dipasrahkeun ka Walanda, itung-itung pamales jasa. Éta pangna anu pangheulana jadi daérah koloni di Nusantara téh nya Sunda. Jadi urang mah panglilana dijajah, anu sahenteuna mangaruhan pisan kana méntalitas urang Sunda, tug tepi ka kiwari. Nya dijajah Jawa, nya dijajah Walanda.
Saterusna Ietje Marlina medar yén saméméh jadi Tasikmalaya téh sesebutanana kungsi Sukapura heula. Heulaeun ti éta, disebutna Sukakerta, ari puseur pamaréntahanana nyaéta Dayeuh Tengah. Harita, taun 1629, Sukakerta téh masih kénéh jadi bagian ti pamaréntahan Sumedang.
Sukakerta téh perenahna kira-kira lima km wétaneun Kacamatan Sukaraja. Ayeuna mah jadi ngaran désa di wewengkon Kacamatan Salopa, dihapit ku Walungan Ciwulan jeung Cipinaha. Pasirna parentul, dikurilingan ku pasawahan.
Dina buku Pangéling-ngéling 300 Taun Ngadegna Kabupatén Sukapura, ditambah ku ayana katerangan ti R. Yudawikarta yén Sareupeun Cibuniagung boga anak ngaran Entol Wiraha anu kawin ka Nyai Punyai Agung (Ageng), ahli waris Nagara Sukakerta. Saterusna Entol Wiraha diangkat jadi umbul di Sukakerta. Nya boga anak, dingaranan Wirawangsa, anu engkéna jeneng umbul deuih, neruskeun jabatan nu jadi bapa, tepi ka jaman babarontakan Dipati Ukur.
Waktu Wirawangsa jadi umbul di Sukakerta, harita Priangan geus dijajah Mataram. Ari anu jeneng bupati wadana (anu ngapalaan para bupati) nyaéta Wangsanata anu kasohorna disebut Dipati Ukur.
Sultan Agung anu jeneng raja di Mataram nibankeun pancén ka Dipati Ukur pikeun ngarurug bénténg kumpeni di Batavia (ayeuna Jakarta). Pasukan ti Tatar Ukur miangna ngaliwat ka wewengkon Karawang, tur engkéna bakal ditambahan ku pasukan ti Jawa anu dipingpin ku Bahurékso. Pasukan ti Ukur téh diwewegan ku para umbul di Priangan, di antarana Wirawangsa.
Dina waktu nu geus dipasinikeun, tétéla pasukan Bahurékso téh tacan cunduk. Antukna Dipati Ukur nyerang bénténg Walanda téh tanpa dibarengan ku pasukan ti Jawa. Hanjakal gagal, tepi ka kudu mundur deui dina kaayaan pasukanana geus awut-awutan.
Dipati Ukur nolak méré laporan ka Sultan Agung, malah saterusna mah némbongkeun sikep baha, tur aya karep ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Mataram. Dipati Ukur jeung sésa pasukanana mubus ka Gunung Pongporang, teu jauh ti Gunung Bukittunggul. Ti dinya terus nyieun pertahanan di Gunung Lumbung, diwewengkon Batulayang (wewengkon Cililin kiwari).
Ceuk angkeuhan Dipati Ukur, kakuatan Mataram keur nyirorot. Nya cunduk waktuna pikeun ngaleupaskeun diri tina kakawasaan Sultan Agung, sangkan Sunda jadi bangsa anu merdéka kawas ti heula-heula.
Dina pandangan Sultan Agung, Dipati Ukur téh dianggap barontak, tur ngabahayakeun kana kadudukan Mataram. Éta pangna Sultan Agung langsung ngaluarkeun paréntah pikeun nyerek éta dipati anu geus dianggap nanduk ka dununganana. Pasukan ti Jawa abreg-abregan ngajorag, tapi Dipati Ukur teu bisa katéwak.
Para umbul anu ngarojong Dipati Ukur téh ngan ukur anu aya di Priangan Tengah, nyaéta Batulayang, Saunggatang, Taraju, Kahuripan, Madang Sasigar, Mananggel, jeung Sagalahérang. Ari para umbul ti Priangan Wétan mah teu biluk, nyaéta Umbul Sukakerta (Wirawangsa), Umbul Cihaurbeuti (Astamanggala), Umbul Sindangkasih (Somahita), jeung Umbul Indihiang (Wangsarana).
Lantaran teu bisa kacerek waé, ahirna Sultan Agung ngawawarkeun yén sing saha anu bisa néwak Dipati Ukur, boh dina kaayaan hirup atawa geus jadi layon, baris dibéré ganjaran ku kalungguhan. Harita anu jadi bupati wadana di Priangan ngaganti Dipati Ukur téh nyaéta Pangéran Rangga Gedé ti Sumedang. Rangga Gedé gé teu hasil néwak Dipati Ukur, malah mah terus tilar dunya waktu keur ngalaksanakeun paréntah ti Sultan Agung.
Dina ahirna mah Dipati Ukur jeung jalma anu barilukna bisa kacerek, terus dibawa ka Mataram. Di ditu, maranéhna langsung waé dihukum pati. (nyambung)*
* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments