Napak Tilas

Rarancang Jaman Kolonial: Bandung Puseur Dayeuh Nagara (1)

0

Ku: H. Tatang Sumarsono

 SundaNews (21/9/2026). Mekarna Bandung anu paling katara ti awal abad ka-20. Rupa-rupa fasiltas jeung sarana pikeun nyumponan pangabutuh kota dug-deg diwangun. Katambah-tambah deuih dina mangsa saméméhna geus dibuka lahan-lahan perkebunan. Lian ti éta, anu jadi faktor katajina bangsa Éropa, husus Walanda, nyaéta hawa pagunungan anu tiis jeung seger.

Hal-hal éta anu ngalantarankeun Bandung dina mangsa harita jadi pamungpungan. Loba anu daratang ti jauhna, terus maratuh di dieu. Harita deuih Bandung mimiti boga jujuluk Paris van Java téh.

Harita mah legana lahan di Bandung tacan loba anu alih fungsi. Enya, apan pangeusina ogé tacan sakumaha gegek kawas ayeuna. Tumuwuhna kota téh masih kénéh bisa dikontrol, da tacan loba kapentingan séjén.

Nya dina jaman harita Bandung diocal-ocal rék dijieun puseur dayeuh (ibukota) nagara téh. Asalna mah puseur pamaréntahan kolonial téh di Batavia (Jakarta ayeuna). Gupernur Jénderal Hindia Walanda (pamingpin pangluhurna di nagara jajahan) ngantorna di Batavia. Kitu deui rupa-rupa departemén nagara anu pancénna ngurus pamaréntahan di sakuliah tanah jajahan.

Pangna Batavia jadi ibukota nagara téh bisa jadi lantaran kira-kira tilu abad saméméhna, urang Walanda téh apan haranjatna di dinya. Maranéhna nyieun bénténg terus nyécébkeun kuku kakawasaan dimimitian ti Batavia. Geus kitu mah terus waé kakawasaanana ngalegaan, tepi ka ahirna sakuliah Nusantara jadi tanah jajahan.

Anu pangheulana dijajah ku Walanda téh Tanah Priangan, lantaran harita jadi pampasan perang. Asalna mah Priangan téh dijajah ku Mataram, kurang leuwih aya kana satengah abadna. Ngan sanggeusna Mataram kahutangan jasa alatan dibantuan ku Walanda waktu nyanghareupan babarontakan Trunojoyo, Priangan ganti dunungan.

Dina awal abad ka-20 aya anggapan yén ibukota nagara di Batavia téh henteu idéal. Ari nu jadi dasarna mah hasil panalungtikan H.F. Tillema, ahli kaséhatan Walanda kalahiran Groningen Holland anu mancén tugas di Semarang. Kitu anu ditulis ku Haryoto Kunto dina bukuna Wajah Bandoeng Tempo Doeloe (1984).

Ceuk hasil panalungtikan Tillema, kota-kota palabuan di basisir Jawa téh teu séhat. Hawana panas, tur loba sasalad anu ngalantarankeun nyebarna rupa-rupa kasakit. Hawa anu panas nyababkeun jalma gancang capé, sarta sumanget gawé gé turun

Éta nu jadi dasar pangna rék dipindahkeun ogé, sabab Batavia dianggap teu cocog jadi ibukota nagara. Ari tempat anu dipilih pikeun gagantina nya Bandung pisan. Keur mah ti Batavia kaitung deukeut, katurug-turug anu leuwih penting mah kondisi kotana dianggap nyumponan sarat.

Harita, anu jadi gupernur jénderal di tanah jajahan téh J.P. Graaf van Limburg Stirum (1916-1921). Usul Tilleman pikeun mindahkeun ibukota nagara mimiti dilaksanakeun. Henteu sakaligus, tapi nungutan.

Anu pangheulana ngabagéakeun usul Tilleman téh para pangusaha swasta. Meneer Streefland, juragan Oliefabrieken Insulinde buru-buru mindahkeun kantorna ka Bandung. Lokasina di Jalan Braga, kaléreun erél karéta api (ayeuna jadi kantor bank, saméméhna kungsi dipake kantor Polda Jabar). Ti dinya ditéma ku sawatara pausahaan lianna, di antarana Baldwin Locomotive Works. Rhein Elbe Union,Siemens Schuckert Werke, Siemens en Halske, jeung Diecjerhoff en Widmann.

Ari instansi pamaréntah, anu geus dipindahkeun ka Bandung téh nyaéta Jawatan Karéta Api (SS), Post-Telegraaf enTelefoondienst atawa PTT, jeung Departement van Gouvernement Bedrijven (GB) anu di jerona diwangun ku Departemen Pekerjaan Umum, Jawatan Metrologi, Jawatan Geologi, jeung sajabana.

GB ngantorna di Gedong Saté, anu dina mangsa harita mah dianggap kantor pamaréntahan paling réprésentatif, hususna dina lebah ngatur rohangan.

Sanggeus kitu, disambung deui ku mindahkeun sabagian ti Departemen Perdagangan anu asalna di Bogor, Kantor Keuangan, Lembaga Penelitian Cacar, jeung Departement van Oorlog (DVO alias Kementrian Peperangan).

Tarékah séjénna pikeun mekarkeun Bandung sangkan bisa dijieun ibukota nagara téh di antarana ku dibukana lapangan terbang di Andir, anu diresmikeun dina taun 1928 (ayeuna katelahna Lanud Husen Sastranegara). Ti harita, ti Bandung téh aya jalur penerbangan ka Batavia, Surabaya, Semarang, Palembang, jeung Singapura.

Dina nyadiakeun tanaga listrik, di Bandung geus aya PLTA Dago anu diwangun taun 1921. Tilu taun ti harita ditambahan deui ku diwangunna sentral listrik di Lamajang (Cisangkuy). Dayeuh Bandung mimiti baranang ku lampu. (nyambung)*

         *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas