Napak Tilas

Ti Sukapura Ka Tasikmalaya Jaman Merdeka (2)

0
Tah ieu mah lain jaman kolonial tapi suasana Alun-Alun Kota Tasikmalaya, Jawa Barat, mangsa kiwari. Resik (Foto: SundaNews/Jabarprov)

 

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (8/6/2026). Lalakon Dipati Ukur téh réa versina. Kitu deui dina nyaritakeun tempat katéwakna; aya anu nyebutkeun di Gunung Lumbung, aya deuih anu ngécéskeun di kuloneun Batavia (ayeuna nelah Cengkaréng). Ngan anu jelas, anu ku Sultan Agung dianggap boga jasa dina néwak Dipati Ukur téh nyaéta para umbul ti Priangan Wétan (Wirawangsa, Astamanggala, jeung Somahita).

Sultan Mataram ngalélér kadudukan ka éta anu tiluan minangka pamales jasa, sarta ditulis dina Piagem Sultan Agung: hing dina Saptu tanggal ping sanga wulan Muharam tahun Alip. Wirawangsa jadi mantri agung di Sukapura kalawan gelar Tumenggung Wiradadaha, Astamanggala jadi mantri agung di Ukur (anu saterusna jadi Bandung) kalawan gelar Tumenggung Wiraangun-angun, jeung Somahita jadi mantri agung di Parakanmuncang kalawan gelar Tumenggung Wiratanubaya.

Ceuk katerangan Ietje Marlina, Piagam Sultan Agung tanggal 9 Muharam taun Alip téh bisa dianggap titimangsa ngadegna Sukapura. Ceuk pamanggih F. de Haan, éta téh sarua jeung tanggal 20 April 1641. Tapi dina kabuktianana, hari jadi Tasikmalaya henteu nyokot patokan ti dinya, da dipundurkeun sakitu abad ka tukang, waktu Karajaan Galunggung mimiti ngadeg.

Teu lila ti satutas dijenengkeun mantri agung di Sukapura, puseur dayeuh téh ku Wirawangsa dipindahkeun ti Dayeuh Tengah ka Leuwi Loa (wewengkon Désa Sukapura), daérah Sukaraja kiwari, teu jauh ti Walungan Ciwulan, tur tempatna dianggap strategis. Ti harita nya disebut waé Kabupatén Sukapura, tina kecap “suka” (asal) jeung “pura” (karaton).

Di wewengkon Sukapura téh aya 12 cutak, nyaéta Sukakerta (ngabawah Pagerbumi jeung Cijulang), Mandala (ngabawah Kalapagenep), Cipinaha (ngabawah Linggasari), Cigugur (ngabawah Parakantelu jeung Maroko), Parung, Karang, Bojongeureun, Suci, Panémboh, Cisalak, Nagara (Pameungpeuk), jeung Cidamar.

Wewengkon Kabupatén Sukapura téh panglegana di Priangan. Mana komo sanggeus ku Sultan Agung ditambahan deui ku tilu kaumbulan anu tadina biluk ka Dipati Ukur, nyaéta Saunggatang, Taraju, jeung Malangbong. Sanggeus ditambahan wewengkonna, Kabupatén Sukapura ngawengku 300 désa, tur pendudukna leuwih ti 800 somah (sasomah téh kira-kira opat atawa lima kuren).

Ceuk pamanggih Ietje Marlina. Mun nilik kana legana wewengkon Sukapura, hal éta nuduhkeun yén Sultan Agung ngarasa kahutangan budi pisan, ku alatan Wirawangsa (anu saterusna jeneng Tumenggung Wiradadaha I) geus hasil numpes babarontakan Dipati Ukur.

Wiradadaha dibébaskeun tina kawajiban caos upeti ka Mataram, sarta dibéré wewenang mulut panghasilan ti daérah kakawasaanana. Hal éta téh lumangsung tepi ka jaman bupati ka-11.

Wiradadaha I anu ngadegkeun cikal bakal Kabupatén Sukapura tilar dunya dina taun 1674. Layonna dipendem di Pasar Baganjing. Éta pangna sanggeus tilar dunya boga jujuluk Dalem Baganjing.

Wiradadaha I boga 28 anak. Anapon anu ngaganti kadudukanana nyaéta budakna nu nomer tilu, ngaran Jayamanggala, anu saterusna meunang gelar Tumenggung Wiradadaha II. Hanjakal nyekel kalungguhanana ngan meunang sataun, sabab kaburu dihukum pati ku Sultan Mataram, alatan dianggap geus nyieun kasalahan. Ti Mataram, layonna dibawa ka Sukapura, diwadahan kana tambela (peti mati), laju dipendem di Pasirhuni. Éta pangna boga jujuluk Dalem Tambela.

Ceuk hiji sumber, pangna tepi ka dihukum pati téh sabab Wiradadaha II aya anu mitenah, tepi ka Sultan Mataram nibankeun hukum pati. Nurutkeun kapercayaan sawatara anggota masarakat, makam Dalem Tambela teu meunang dipaké jarah ku maranéhna anu digawé di lingkungan pamaréntahan.

Wiradadaha II diganti ku adina, Anggadipa, anu saterusna meunang gelar Tumenggung Wiradadaha III, nyangking kalungguhan bupati ti taun 1674 tepi ka 1723. Dina salila éta, ieu bupati téh mentingkeun pisan kamajuan agama, lantaran meunang pangrojong ti Syéh Abdul Muhyi di Pamijahan anu nyebarkeun agama Islam di wewengkon Sukapura.

Ti mimiti taun 1677, tanah di Karawang, Cianjur, Sukapura, jeung Bandung geus ragrag kana kakawasaan kolonial. Dina jaman pamaréntahan Wiradadaha VII, taun 1765-1807, gedong pamaréntahan kabupatén téh dipindahkeun ti Leuwi Loa ka Kampung Émpang—masih di wewengkon Sukaraja kénéh.

Wiradadaha VIII nyangking kalungguhan dina taun 1807. Harita, pamaréntah kolonial ngawajibkeun melak nila (tarum) di pasawahan. Tangtu waé anu diudag ku pamaréntah kolonial mah ukur kauntunganana wungkul, bari teu mikirkeun bakal kumaha nasib rahayat anu dibéré kawajiban melak nila. Wiradadaha VIII nolak éta paréntah, sabab kasieunan rahayatna kalaparan, alatan lahan pasawahan kudu dipelakan nila téa. Ku kituna, dina taun 1811, Wiraraha VIII dipocot tina kalungguhanana, sarta wewengkon Kabupatén Sukapura ti mimiti Walungan Ciwulan ka beulah kulon diasupkeun ka Kabupatén Limbangan (anu saterusna jadi Kabupatén Garut).

Kabupatén Sukapura dipasrahkeun ka turunan Sumedang, nyaéta Tumenggung Surialaga anu jujulukna Dalem Talun. Maksud pamaréntah kolonial mah sangkan melak nila bisa dilaksanakeun. Tapi sanggeus dua taun nyangking kalungguhan bupati di Sukapura, Dalem Talun ahirna boboléh. Ari sababna mah, binih nila anu anyar melak téh ku rahayat dicébor ku cai panas, tepi ka ahirna paraéh.

Sukapura dipasrahkeun ka Bupati Limbangan, kalawan harepan angger melak nila kudu bisa dilaksanakeun. Tapi dina pamustunanana mah sarua waé kawas bupati saheulaeunana, teu mampuh mentés gawé rahayatna sina marelak nila.

Taun 1814, ahirna mah Sukapura dipasrahkeun deui ka Wiradadaha VIII. Dina periodeu kadua nyekel pamaréntahan, tepatna taun 1832, puseur pamaréntahan kabupatén dipindahkeun ti Sukaraja ka Manonjaya, sangkan leuwih babari dina ngayakeun komunikasi jeung sakabéh wewengkon anu aya dina cangkingan bupati.

Lima taun ti tas pindah lokasi, Wiradadaha VIII tilar dunya. Nya diganti ku Tumenggung Danuningrat anu pamaréntahan lumangsung tepi ka taun 1844. Sanggeus jadi puseur dayeuh kabupatén, Manonjaya gancang pisan mekarna. Dina ngatur tata kota disaluyukeun dumasar kana pola nu ditangtukeun ku pamaréntrah kolonial, tepi ka antukna tumuwuh jadi kota artistik. Di ieu kota gumelar rupa-rupa unsur kabudayaan anyar anu dibawa jeung diterapkeun ku bangsa Walanda, tur ngébréhkeun ayana prosés akulturasi.

Sajaba ti éta, dina jaman pamaréntahan bupati kasapuluh, Rangga Wiradimanggala, kamekaran agama di Manonjaya gancang pisan, utamana ku lobana diadegkeun pasantrén. Ditambah deuih ku diwangunna saluran-saluran cai jeung irigasi, jalan anyar katut jambatan tepi ka désa-désa. Éta kabéh dipigawé tanpa bantuan pamaréntah kolonial.

Para santri anu nyuprih élmu di pasantrén nempatan salah sahiji struktur sosial, sarta jadi sumber penting dina prosés ngabentuk kapamingpinan di lingkungan masarakat pribumi. Cindekna mah dina pertengahan abad ka-19, kamekaran Sukapura pesat pisan, kaasup dina widang ékonomi.

Aya kana 70 taunna Manonjaya jadi puseur pamaréntahan kabupatén téh. Dina taun 1901, jaman pamaréntahan bupati ka-13, Tumenggung Wiraadiningrat, puseur dayeuh kabupatén téh dipindahkeun ka Tasikmalaya.

Ari anu jadi dasarna pindah puseur dayeuh nyaéta Tasikmalaya leuwih deukeut ka wewengkon Gunung Galunggung anu dina jaman harita jadi lokasi melak nila. Jadi dina ngumpulkeun hasil panén téh leuwih babari. Hal ieu saenyana ukur keur nyumponan kapentingan pihak kolonial. Faktor séjénna nyaéta wewengkon Tasikmalaya leuwih lega batan Manonjaya, leuwih datar, jeung leuwih éndah. Ku kituna, Tasikmalaya dianggap cocog dijieun puseur pamaréntahan.

Dina taun 1913, ngaran Kabupatén Sukapura diganti jadi Kabupatén Tasikmalaya, tug tepi ka kiwari. Ieu kabupatén téh ngawengku sapuluh distrik (kawadanan). Taun 1925, ku medalna aturan Bestuurhevorming, Tasikmalaya dijadikeun puseur dayeuh Karesidénan Priangan Timur, tapi ngan lumangsung salila genep taun, sabab saterusna mah aturan ngeunaan hal éta dileungitkeun deui.

Tambah mekarna Kabupatén Tasikmalaya téh dina jaman pamaréntahan Wiratanuningrat, bupati ka-14, anu nyekel kalungguhan ti taun 1908 tepi ka 1937. Anu dilaksanakeun dina jaman harita ngawengku:

  1. Muka Rawa Lakbok jeung Leuweung Gagayunan (ayeuna mah asupna ka Kabupatén Ciamis) anu tadina dianggap geueuman. Rawa anu legana 30 rébu bau téh dirobah jadi pasawahan jeung kebon anu subur.
  2. Kamajuan dina nyieun jeung mekarkeun rupa-rupa koperasi, upamana koperasi batik, tinun, anyaman, jeung peternakan, di antarana perkebunan Sangiang kalang, Lembu Andini, jeung Perkumpulan Duit Hadiah (PDH).
  3. Ngadeg-ngadegkeun madrasah
  4. Ngadegkeun imah pakir miskin Islam.
  5. Ngawangun rupa-rupa jambatan jeung jalan.

Tepi ka jaman révolusi, anu jeneng bupati di Tasikmalaya téh dumasar kana teureuh-terah atawa turunan. Ayeuna mah anu kitu téh disebutna pulitik dinasti. Tapi ti taun 1948 ka dieu mah, anu jadi bupati téh bisa saha waé, tur dipilih sacara démokratis. (tamat) *

* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas