Napak Tilas

Sunda Mimiti Dijajah Walanda, Iraha?

0
Ieu mah lain jaman VOS, tapi Palabuhan Batavia mangsa penjajahan Inggris ti mimiti 11 September 1812. (Foto: SundaNews/Dok BBC)

Ku: H. Tatang Sumarsono

SundaNews (18/4/2026). Pajarkeun nagara urang dijajah ku Walanda téh 350 taun. Ah, tong waka percaya, saenyana ti mana ngitungna. Geura waé: 1942 – 350 = 1592.

Jadi, ceuk kotrétan bieu mah, urang mimiti dijajah ku Walanda téh kuduna taun 1592. Tur padahal, munggaran pisan armada Walanda cunduk di Palabuan Banten téh taun 1596, dipingpin ku Cornelis de Houtman, kalawan inditna dibahrutengan ku Compagnie ven Verre, anu mun di urang mah kira-kira sarua jeung pakumpulan padagang. Harita urang Walanda geus apaleun yén Nusantara téh ngahasilkeun rempah-rempah anu dipikabutuh ku masarakat Éropa.

Taun 1596, Walanda tacan ngajajah. Apan kakara gé jol. Da teu gampang atuh ngeréh wewengkon nu keur dikawasa ku batur téh. Biasana gé sok aya heula perang, najan teu mustahil aya anu ujug-ujug ngaku éléh gé. Hal ieu kawas nu kaalaman ku Sunda ka Jawa, taun 1620, nyaéta Aria Suriadiwangsa I, anu ngaganti Prabu Geusan Ulun mingpin Sumedanglarang, serah ujug-ujug serah bongkokan ka Mataram.

Ceuk catetan sajarah, de Houtman ahirna diusir ku Sultan Banten, sabab ari barang dagangan hayang meunang loba, ari keur mayarna teu nyukupan. Urang Walanda balayar deui ngajugjug ka wewengkon Nusantara wétan. Sataun ti harita, 1597, de Houtman mulang ka nagarana, bari mawa daganganana ngan saeutik. Heueuh, da meureun ipis modal.

Taun 1602, Walanda ngadegkeun Veriniging Oost-Indie Compagnie (VOC). Sarua ieu gé dina intina mah ukur pakumpulan padagang Walanda, ngan saterusna kakawasaan VOC leuwih ti sakadar dagang. Hal ieu téh lantaran pamarentah Karajaan Walanda méré hak ooctroi ka VOC, nyaéta pikeun ngamankeun rupa-rupa kapentingan perdagangan Walanda di Nusantara. Éta pangna VOC téh dina ahirna mah dibéré hak pulitik, boga tentara sorangan, jeung ngumumkeun perang.

Dina ngalaksanakeun tugas-tugasna, VOC dipingpin ku gegedén pangkat Gouverneur-Generaal (gupernur jénderal). Anu munggaran nyaéta Pieter Both (ngajabatna salila opat taun). Anu kudu disanghareupan ku VOC téh lain ngan para raja atawa sultan di Nusantara wungkul, tapi deuih para padagang Éropa lianna, hususna Inggris jeung Perancis.

Kantor dagang VOC anu mimiti diadegkeun di Banten (1603). Tapi para padagang Walanda téh teu bisa menyat, sabab Sultan Banten sarua deuih méré idin ka para padagang Inggris. Éta pangna urang Walanda ngarasa boga saingan beurat. Anu matak maranéhna pindah ka Makassar, ménta idin ngadegkeun kantor dagang ka Sultan Gowa. Tapi deuih di Makassar gé henteu ngan urang Walanda wungkul nu dibéré idin dagang téh, sabab di dinya geus aya Inggris, Portugis, jeung Spanyol. Anu matak, urang Walanda téh pindah deui ka Maluku. Tapi di dinya gé sarua deui waé, padagang Walanda téh mejus.

Nya dina jaman gupernur jénderalna dijabat ku Jan Pieterszoen Coen (gupernur jénderal kaopat), VOC ngincer wewengkon Jayakarta (anu tadina mah dikawasa ku Karajaan Sunda) pikeun pusat perdagangan di Nusantara. Sultan Banten engeuh, mun VOC musatkeun perdagangan di Jayakarta, kapentingan dagang Banten tangtu bakal kaganggu. Éta pangna Sultan Banten aya karep ngarebut Jayakarta gé, saméméh VOC boga kakuatan di dinya.

Pangéran Wijayakrama (anu keur nyekel kakawasaan di Jayakarta) jadi silih curiga jeung Sultan Banten. Éta situasi ku JP Coen dimangpaatkeun ku cara mapanas dua pihakanana. Pulitik adu-domba téa, anu antukna mah VOC bisa nyangking kakawasaan di Jayakarta. Saterusna dina taun 1619, éta kota téh dirobah ngaranna jadi Batavia (kecap batavia, tina batavus, nyaéta karuhunna urang Walanda) anu ku létah urang mah sok dilisankeun Betawi atawa Batawi.

Nya ti harita Walanda mimiti ngahangkeutkeun tarékahna pikeun ngawasa Nusantara téh. Tangtu waé di mimitian ti nu pangdeukeutna heula ti Batavia. Heueuh, naon deui mun lain Tatar Sunda anu dianggap strategis jeung beunghar ku sumber daya alam, tur babari didongkangna.

Dina mangsana VOC dadahut sangkan ngawasa jeung ngalegaan wilayah, Tatar Sunda mah geus jadi bagian tina kakawasaan Mataram. Harita oge, ku ayana bénténg VOC di Batavia téh, pikeun Mataram mah dianggap ancaman. Anu matak, Sultan Mataram ngarurug Batavia gé naha ku naon atuh. Ari pikeun ngarurugna, apan dipapancénkeun ka Dipati Ukur (taun 1628), sina mawa pasukan ti Priangan. Ngan hanjakal gagal, di antarana lantaran Panembahan Bahurékso jalir jangji.

Waktu dipanggil ku Sultan Mataram, Dipati Ukur nolak datang, malah terus hayang ngabébaskeun wewengkon Priangan tina jajahan Mataram. Hanjakal gegedén Sunda lianna henteu sajalan, malah aya nu biluk ka Jawa ku cara ngabocorkeun rusiah Dipati Ukur. Antukna Dipati Ukur dianggap baha tur ngabahayakeun kakawasaan Mataram. Sultan Mataram ngumumkeun pikeun nyerek Dipati Ukur, naha beunangna mah masih kénéh hirup atawa geus jadi layon.

Dipati Ukur jeung pasukanana anu ngamarkas di Gunung Lumbung ahirna kacerek, sanggeus sawatara gegedén Sunda mantuan pasukan Mataram anu dipingpin ku Ronggonoto. Carita Dipati Ukur mémang aya sababaraha versi. Najan kitu aya unsur anu saruana, nyaéta Dipati Ukur baha ka Mataram, lantaran hayang ngaleupaskeun Priangan tina hégémoni Jawa.

Sabada Dipati Ukur, di Sunda taya deui tokoh séjén anu baha ka Mataram. Malah apan sawatara gegedén Sunda dibésluitan ku Sultan Mataram. Saban taun kudu séba jeung nganteurkeun upeti, minangka wawakil ti wewengkon patalukan.

Kakawasaan Mataram di Priangan kubra dina taun 1677. Lain ku sabab urang Sunda ngayakeun perlawanan, tapi wewengkon Priangan dipasrahkeun ka Walanda, dumasar kana perjangjian tanggal 19-20 Oktober. Pangna dipasrahkeun ka Walanda téh sabab Sultan Mataram kahutangan budi, duméh geus dibantuan waktu nyanghareupan babarontakan di lingkungan karaton. Jadi meureun minangka hadiah pikeun males jasa ka pihak VOC.

Nya, saenyana ti harita Priangan mimiti dijajah ku Walanda téh. Ari gegedén Sunda harita, jigana téh teu bisa baha. Dititah ganti dunungan, nya narurut waé. Nu penting mah asal bisa kumawula. Priangan téh kaasup anu pangheulana dijajah ku Walanda, heulaeun wewengkon séjénna di Nusantara. Jadi Priangan mah anu pangheubeulna dijajah, jaba saméméhna ogé aya kana satengah abadna dijajah heula ku Jawa.

Jadi mun diitungna ti taun 1677, lilana Priangan dijajah ku Walanda téh 265 taun. Lain 350 taun. Anu matak kudu dipaluruh deui, ti mana tah meunang angka 3,5 abad téh. Kitu deui wewengkon lianna di Nusantara apan dijajahna ku Walanda téh henteu bareng. Jadi teu bisa digitik rata.*

    *H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

 

You may also like

Comments

Comments are closed.

More in Napak Tilas