Ku: H. Tatang Sumarono
SundaNews (24/3/2026). Dina rék nyanghareupan lebaran, baréto mah rantang kaasup pakakas anu mindeng digunakeun. Karasa pisan butuhna tuda. Ilaharna sok disebut rantang susun. Da apan sina nyusun, terus sisina anu dirupakeun pasagi sahandapeun biwir rantang téh dicorok ku paranti ngajingjingna. Ari nu ngéntép dina susunanana mah bisa dua, tilu, opat, atawa leuwih. Éta mah gumantung kana loba rupana kadaharan anu dieusikeunana.
Rantang mah apan mawana téh dijingjing, biasana kénca-katuhu. Kajaba mun mawana leuwih ti dua susun, da éta mah sok ditanggung.
Enya, apan sakitu likur, atawa puluh taun ka tukang mah, ari rék lebaran téh aya tradisi silih anteuran dahareun meunang ngasakan. Ilaharna mah jeung papada dulur, baraya, atawa tatangga. Lamun nganteuranana ka kolot, disebutna mawakeun.
Éta kabiasaan téh dipigawéna dua poé, atawa sapoé deui ka lebaran. Mun lain tanggal dalapan likur, nya salapan likur. Ti isuk-isuk kénéh geus pak-pik-pek nyieun asakan. Kira wanci asar, kakara wé dikirim-kirimkeun. Sangu jeung deungeunna sapuratina. Ari ngirim ka nu deukeut mah, biasana cukup dina piring waé. Dibawana kana nyiru. Mun ka nu rada jauh nya sok dirantangan. Atawa najan ka nu deukeut ogé, ari ngirimna ka kolot mah angger sok maké rantang, da apan kadaharanana leuwih loba, henteu kawas ngirim ka tatangga.
Sangu bodas haneut kénéh. Deungeun sanguna gé sok onjoy batan sasari. Da apan sok aya waé daging, atawa sakurang-kurangna lauk cai, atawa sok aya anu nya daging nya lauk cai gé. Daging diasakanana diempal atawa dibistik. Ari lauk cai, mun teu diacar nya cukup goréngna. Lauk cai ukuran dua-tilu ramo, naha rék lauk emas, nilem, tambakang, atawa mujaér. Malah nu royal mah sok ditambahan ku éndog, biasana disemur atawa dibungbu beureum. Ari pangjangkepna mah aya angeun cabé atawa aséh atawa besengék, sambel goréng kentang, sambel goréng témpé, bihun, katut tumas-tumis lianna, goréng tahu atawa témpé, ditambah kurupuk udang.
Baréto mah prah, di saban imah “hajat” kawas kitu téh. Nya ari tatangga anu dikirimna mah sok aya welasna, malah leuwih kétang ari di lembur anu gegek pangeusina mah. Da apan mun ngirim ka nu ieu, piraku ka nu itu henteu, kuriak waé bisi jadi omong.
Dina geus wanci asar téh, anu silih kirim dahareun mani pasulabreng. Dina nyiru ditaranggeuy, dituruban ku daun cau, atawa ku keretas koran. Tampolana mun urang ngirimkeun alas dalapan welas piring téh, pangirim ti tatangga gé sok tara jauh ti éta jumlahna. Ceuk basa heureuy téa mah, balik jinis. Antara nu dikirimkeun jeung kikiriman anu datang jumlahna ngimbang.
Lamun ngirimna ka nu rada jauh, bari anu dikirimna gé kaitung loba, rantang anu dieusi dahareun téh nya tangtu loba deui. Tampolana mah teu cukup ukur dijingjing, da ari loba mah sok ditanggung, diwadahan heula kana tolombong, aya anu pangjingjingan rantangna langsung dicorok ku rancatan. Tacan usum ojég apan baréto mah, da nu boga motorna gé langka kénéh. Nya wayahna waé nganteurkeun dahareun ka nu rada jauh téh ukur nikreuh. Lamun alamat anu dikirimna kaitung jauh, jaba loba anu dijugjugna, tampolana teu anggeus ku sajam.
Tah, jaman keur budak mah, lobana dahareun pangirim téh mindeng pisan jadi gogoda hayang batal puasa. Teu sabar hayang buru-buru ngasaan dahareun pangirim. Talunganan ku kadaharan anu diasakan di imah, tara pati jadi gogoda.
Tradisi silih kirim dahareun téh hanas jadi nambahan résiko dapur, éta mah enya. Anggaran balanja jadi nambahan. Mana komo apan ari rék asup ka lebaran mah hahargaan sok ngadadak undak, da apan cenah usum maréma téa.
Ari anu jadi kasang tukang milu aub kana éta tradisi mah bisa jadi rupa-rupa alatanana. Geus pasti ari kalolobaanana mah hayang nyieun kahadéan jeung nu lian, boh jeung dulur atawa baraya, boh jeung tatangga. Apan ari dina bulan puasa mah kudu ngalobakeun amal jariyah. Tapi deuih sok rajeun anu ngalaksanakeun éta tradisi téh duméh ngarasa “kapaksa”. Apan cenah mun teu milu aub téh bisi diomongkeun batur. Keun ari mawakeun ka kolot, da éta mah urang sapantesna kudu kitu. Ceuk paribasana, cing atuh ari sataun sakali mah sing bisa kikiriman ka kolot sorangan, minangka pikeun nyukakeun. Éta pangna ari mawakeun mah sok leuwih diperlukeun.
Tangtuna gé ari ka kolot mah teu ngan ngirim dahareun wungkul, tapi deuih jeung barang lianna katut duit. Ngeunaan gedéna mah kari kumaha ceuk kasanggupan. Ceuk paribasana najan ukur encit sacewir, kudu aya waé kaingetan ti nu jadi anak.
Anu kabandungan kiwari, tradisi silih kirim dahareun dina rék lebaran téh mimiti lus-les laleungit. Di satara lembur anu kungsi kasaksian, éta tradisi téh geus teu nyampak. Mana komo di lingkungan masarakat anu matuhna di kota mah.
Nya ku sabab barobahna pajamanan tangtuna gé. Robahna jaman ngalantarankeun robahna kabiasaan urang-urang. Bisa jadi aya nu nganggap ukur jadi gawé, atawa henteu praktis, kana tradisi silih kirim dahareun méméh lebaran téh. Lian ti éta, ieu minangka panyabab lianna, ku sabab (ampir) saréréa “hajat” silih kirim, antukna jadi loba kadaharan nu teu kadahar. *
*H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat






































Comments