Ku: H. Tatang Sumarsono
SundaNews (22/9/2026). Tanggal 2 Méi 1923, resmi dibuka hubungan radio-telepon ka Nagri Walanda. Hubungan udara antara dua nagara anu anggangna kurang leuwih 12 rébu kilométer dina jaman harita mah dianggap fantastik, tur dianggap peristiwa bersejarah anu kawilang penting.
Saméméhna mah, ngirimkeun warta ti Nederland ka tanah jajahan atawa sabalikna téh kudu angkleung-angkleungan meuntas laut kurang leuwih sabulan. Enya, apan ditulisna dina wangun surat. Tah, sanggeusna aya hubungan radio-telefon mah cukup ku jam-jaman waé.
Aya kana lima taunna tatahar instalasina ogé. Stasion pemancarna dijieun di Gunung Malabar. Ari pikeun hubungan radio-telepon di lingkungan jero nagara mah dijieunna di wewengkon Rancaékék. Anu gedé jasana dina ngawangun jaringan radio-telepon téh nyaéta Ir. G.J. de Groot, tepi ka ieu insinyur éléktro téh diabadikeun jadi ngaran jalan (ayeuna geus dirobah jadi Jalan Siliwangi).
Dina widang militér anu utamana dipuseurkeun di Bandung téh. Saméméh kantor DVO dipindahkeun ka Bandung (ayeuna jadi markas Kodam Siliwangi), ti taun 1916 kénéh ogé pasukan Hindia Walanda geus mimiti ditempatkeun di dieu. Pikeun ngalegaan garnisun, kakuatan militérna ditambah ku dua Batalion Infanteri, hiji Eskadron Kavaleri, jeung hiji Peleton Ordonan. Kitu deui pabrik senjata Artillerie Constructie Winkel (ACW, anu saterusna sanggeus jaman merdéka robah jadi Pindad), dipindahkeun ti Surabaya ka Bandung. Kaitung lila mindahkeunana ogé, ti taun 1898 tepi ka 1920.
Ceuk katerangan Haryoto Kunto, waktu mindahkeun ACW ti Surabaya téh tangtu waé jeung para pagawéna—teu béda ti bedol désa. Para pagawé anu daratang ti Surabaya téh nempatan hiji lahan anu saterusna mah disebut Babakan Surabaya. Éta para pagawé téh daratangna maké karéta api, cundukna peuting-peuting di Setasion Kiaracondong. Enya, apan ari lokasi pabrik ACW téh di Binong, teu jauh ti Kiaracondong. Nya ti harita mimiti aya sesebutan atawa kacapangan “jawa kowék maling apu, datang poék teu diaku” téh. Maksudna mah meureun datang ka Bandung peuting-peuting, terus kalana-kulunu bari taya nu ngaku.
Dina prosés mindahkeun puseur pamaréntahan, di Bandung diadegkeun rupa-rupa wawangunan,anu tepi ka kiwari gé masih kénéh dipiara, upamana rupa-rupa gedong anu ayeuna dipaké markas jeung kantor militér. Henteu ngan di Bandung hungkul, tapi deuih di Cimahi.
Gedong séjénna anu diwangun di antarana Concordia (ayeuna jadi Gedong Merdéka), Museum Geologi, jeung Indische Pensioenfondsen (ayeuna jadi Gedong Dwi Warna). Kitu deui sarana katut fasilitas lianna terus diwangun, upamana waé hotél jeung pertokoan.
Dina jaman harita, anu tacan dipindahkeun téh kantor Gupernur Jénderal Hindia Walanda, Departement voor Algemeen Bestuur (Departemen Dalam Negeri), Departement van Onderwijs en Eeredienst (Departemen Pendidikan dan Pengajaran), jeung Volksraad (Déwan Rayat, mun ayeuna mah DPR).
Najan geus ditataharkeun, dina émprona mah mindahkeun ibukota nagara ti Batavia ka Bandung téh teu kalaksanakeun. Ari anu jadi panyabab pokona, dina taun 1930-an aya kajadian malaiseu (mun ayeuna mah krisis monetér), tepi ka pamaréntah Hindia Walanda béakeun modal. Dina jaman harita, pagawé ogé loba anu dieureunkeun, sabab kaayaan ékonomi keur morosot.
Mana komo dina nyanghareupan taun 1940-an mah, kaayaan di dunya mimiti tambah riweuh sabab geus mimiti der Perang Dunya II. Tah, dina mangsa harita, alatan ku kapaksa, puseur pamaréntahan ditarik ka Bandung, da Batavia mah geus dilapurkeun. Tapi lumangsungna téh teu lila, sabab dina taun 1942, pamaréntah Hindia Walanda serah bongkokan ka pasukan pendudukan Jepang.(tamat)*
* H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.






































Comments