Kolom Sosial Politik

Post Tradisionalisme Jawa Barat

0

Ku:  Ronaz

POST tradisionalisme teh hiji hasil pamikiran nu jadi anti-tésis kana tradisionalisme ogé minangka kritik kana modernisme. Ieu téh hiji paham nu yakin yén kamajuan élmu pangaweruh teu bisa dipisahkeun tina nilai, sarta jadi luncatan “kuantum” nu bisa adaptasi jeung kamajuan jaman nepi ka ngahasilkeun peradaban nu ngaleuwihan modernisme. Pikeun kaum tradisionalis jeung post-tradisionalis, nilai téh mangrupa tanaga inti pikeun ngagerakkeun kamajuan. Sedengkeun modernisme dianggap gagal lantaran misahkeun élmu jeung nilai.

Wacana post-tradisionalisme leuwih populér dina pamikiran Islam, di antarana disuarakeun ku Abid Al-Jabiri jeung Hassan Hanafi. Istilah post-tradisionalisme Islam téh mangrupa produk pamikiran nu dumasar kana tradisi, tapi ditransformasikeun ku cara luncat ku nyiptakeun tradisi anyar nu akarna tina tradisi sorangan tapi boga jangkuan nu leuwih lega pikeun ngahontal étos progresif dina dirina sorangan.

Tradisi di dieu hartina téh sakabéh warisan jaman baheula nu aya dina jeung bareng jeung kahirupan urang ayeuna. Tradisi ngamuat unsur maknawi (siga pamikiran), unsur matérial (siga norma jeung kabudayaan), tradisi nasional bangsa (warisan karuhun), jeung tradisi kemanusiaan umum (ti warisan bangsa séjén).

Muhammad Abed Al-Jabiri, cendekiawan Muslim ti Maroko (1936), kaasup pamikir Arab kontemporer nu masih diperhitungkeun di dunya Islam jeung Barat.
Pamikiran Al-Jabiri ngeunaan turats (tradisi) ngajelaskeun yén tradisi miboga sipat boh positif boh négatif. Positipna bisa jadi ngadorong pikeun kabangkitan (nahdlah), tapi négatifna bisa nyababkeun dekadensi (karusakan/kemunduran). Ku kituna, perlu aya pamahaman metodologis sangkan umat Islam henteu kasangkut kana dekadensi éta.

Sajalan jeung Al-Jabiri, Hassan Hanafi ogé ningali yén tradisi miboga dua sisi. Positipna pikeun dijadikeun dasar ijtihad jeung transformasi sosial. Négatifna lamun ngan ukur narima tur nurut tanpa pamikiran kritis. Al-Jabiri ngajelaskeun dua cara interaksi jeung tradisi. Kahiji, al-fahm al-turatsi li al-turats, nyaeta maca tradisi sacara taqlid, narima naon ayana. Kadua, al-fahm al-khariji li al-turats, nyaeta maca tradisi sacara modéren, analitis jeung rasional. Al-Jabiri ngajukeun pendekatan objektif jeung rasional dina nyanghareupan tradisi, kalawan nyokot jarak jeung nyaluyukeun jeung kontéks jaman.

Tradisionalisme KDM

Kang Dedi Mulyadi (KDM) salaku Gubernur Jawa Barat, ti mimiti ngajabat anggota DPRD kabupaten jeung Bupati Purwakarta geus dipikawanoh salaku sosok fenomenal jeung kontroversial. Ieu lantaran anjeunna konsisten ngajaga nilai-nilai tradisionalisme, utamana nu nyangkaruk kana ajén kasundaan, saperti nu dipraktekkeun ku masarakat adat Sunda di Baduy jeung Sunda Wiwitan Cigugur.

Dina ajaran Sunda Baduy jeung Sunda Cigugur, duanana  sarua  nganut kana ajaran Tritangtu jeung Pancaniti. Tritangtu téh mangrupa  hiji konsép ngeunaan tilu katangtuan atawa padoman utama nu kudu dijadikeun dasar hirupna masarakat Sunda. Ieu katangtuan nyoko kana tilu bagian tina alam kahirupan, nyaeta: Buana Nyungcung, nya éta alam langit; Buana Pancatengah, nya éta alam manusa; jeung Buana Larang, nya éta alam handap atawa taneuh. Hubungan antara tilu buana ieu diharmoniskeun pikeun kahadéan sagalana, utamana pikeun kapentingan jeung karaharjaan manusa éta sorangan.

Konsép Tritangtu ieu ogé ditepikeun ku Ekadjati (2009:138), yén sistim pamaréntahan karajaan Sunda baheula ogé dumasar kana konsép tilu ieu nu disebut “Tri Tangtu di Buana” atawa “Tri Tangtu di Bumi” (Tilu Unsur Nu Nentukeun Hirup di Alam Dunya). Numutkeun kana konsép ieu, aya tilu unsur nu jadi panentu dina kahirupan manusa di dunya, nya éta: Prebu, Rama, jeung Resi. Sistim hubungan pola tilu dina kabudayaan Sunda téh asalna tina hubungan antara langit, bumi, jeung manusa. Ieu hartina hubungan antara cai, taneuh, jeung batu. Hubungan antara Resi (cai), Ratu (batu), jeung Rahayat (taneuh). Hubungan antara awéwé (langit/cai), lalaki (bumi/garing), jeung awéwé-lalaki (manusa). Hubungan pasif (awéwé), aktif (lalaki), jeung pasif-aktif (awéwé-lalaki). (Sumardjo, 2014:177).

Unggal unsur mibanda fungsi jeung kawajiban masing-masing, tapi sacara gembleng éta tilu unsur téh ngahiji dina hiji kasatuan nu ngahontal sakabéh aspek kahirupan nagara jeung manusa. Pandangan ngeunaan Tritangtu salaku jati diri manusa Sunda ieu ogé ditepikeun ku Hendayana (2003), nu nyebatkeun yén aya tilu aspek nu bisa dijadikeun ukuran pikeun nangtukeun jati diri urang Sunda. Katilu aspek éta nya éta: pola pikir, pola sikap, jeung pola tindak. Teras dina taun 2005, Hendayana nambahkeun yén indikasi naha hiji jalma (urang Sunda) masih mibanda jati diri Sunda atawa henteu, bisa ditempo tina kumaha panerapan katilu aspek éta dina kahirupan sapopoé.

Adapun konsép Pancaniti nu dikembangkeun ku KDM tina budaya Sunda Wiwitan téh ngawengku lima tahapan, nyaéta: Kahiji, niti harti, hartina tahapan pikeun ngaidentipikasi jeung nganalisa supaya ngarti kana hiji masalah. Kadua, niti surti, nyaéta tahapan pikeun ngararasakeun jeung ngolah pamahaman nepi ka mucunghul ide jeung gagasan, ku cara nyaluyukeun jeung kultur masarakat sabab unggal wewengkon mibanda kabiasaan nu béda.

Katilu, niti bukti, nyaéta tahapan pikeun ngabuktikeun gagasan dina lingkungan internal, ngalaksanakeun ide dina ruang lingkup leutik saluyu jeung tempat asal masalahna. Kaopat niti bakti, hartina tahapan pikeun ngalarapkeun ide jeung gagasan ka masarakat sakabéhna, ngalangkungan inovasi jeung gawé bareng jeung sagala stakeholder. Kalima, niti sajati, nyaéta tahapan pamungkas di mana solusi tina hiji masalah geus kacumponan jeung kahontal kalayan tuntas.

Tantangan Masyarakat Sunda

Tantangan nu kudu dihadapan ku masarakat Sunda téh kacida gedéna, sabab sanajan pamikiran KDM kacida kentelna ku nilai-nilai tradisional, tapi dina prakték kapamingpinanana, anjeunna bisa méré warna husus dina gaya kapamingpinan Sunda nu pageuh kana kearifan lokal (local genius) tapi mikir jeung kanyahona global. Ieu meureun nu disebut ku rektor Universitas Islam Negeri Sunan Gunung Djati Bandung dina Milangkala ka-57 ku istilah glokalisasi. Payus tur nurub cupu, Islam jeung Sunda pikeun nanjeurkeun darajat tur harkat martabat warga Jawa Barat. Islam jadi tetekon atawa kayakinan nu ngalahirkeun nilai, sedengkeun kadituna nyurup kana tradisi jeung budaya Sunda.

Salila ieu sabagian gedéna budaya Sunda kaancikan ku nilai-nilai ti Barat jeung ti bangsa nu teh pararuguh. Majarkeun téh urang Sunda, tapi maké pakean nurutan urang Barat, buuk gondrong dibeureuman, awak ditato, ngomong kasar, pagawéan gelut jeung tara daék akur jeung dulur. Ku kapilihna KDM jadi gubernur, katingal rajin mintonkeun jeung nyontoan yén urang Sunda téh kudu siga dirina.

Sanajan kitu, tangtangan utama téh pamikiran post-tradisionalisme atau glokalisme modél KDM téh sanggup adaptasi jeung damai jeung kamajuan jaman industri 4.0, 5.0, komo 6.0. Masarakat Sunda dipikaharep sanggup robah ti ngan ukur jadi pamaké elmu kana produsén élmu, ti nu saukur nuturkeun teknologi jadi nu nyieun tren, sarta dina kapamingpinan sanggup jadi  nu gedé wiwaha. Dina widang inovasi pembangunan ogé dipikaharep jadi pelopor lain ukur tuturut munding. Mudah-mudahan nu dipintonkeun ku KDM nular ka para bupati, walikota, jeung kahandapna teh saukur ramé di medsos tapi nyata ngamakmurkeun masyarakat Jawa Barat. *

            *   Ronaz, alumni S3 Kajian Media dan Agama Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, aktivis pemberdayaan masarakat, pembimbing haji jeung umroh, Ketua Bidang I Pengurus Wilayah Matla’ul Anwar (PWMA)  Jawa Barat, sarta Ketua Prodi Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fidkom UIN SGD, nganjrek di Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.

 

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *