Ku: Ridhazia
PASAMOAN babaturan lami antara Prabowo Subianto jeung Rocky Gerung (RG) narik perhatian publik. Leuwih ti éta, kajadianana lumangsung dina acara penting di Istana Negara.
Sanggeus acara réngsé, Rocky Gerung ngajelaskeun naon waé anu dibahasna jeung Présidén Prabowo dina suasana anu katingali santai. Malah sempet nepuk taktak Prabowo Subianto, nunjukkeun aya hubungan pribadi anu cukup haneut di antara duanana.
Desiden!
Ceuk RG, dina patepungan kahiji, Présidén nyapa sarta ngahaturkeun nuhun lantaran anjeunna parantos sumping ka Istana. Salajengna, kalayan nada guyon, Présidén nyebut dirina minangka “desiden”.
“Hatur nuhun parantos hadir, tétéla Pak Rocky mah masih desiden, nya,” ceuk RG niron ucapan Présidén Prabowo. Numutkeun RG, éta pernyataan téh ukur guyonan.
“Sareng enya, abdi mah memang desiden,” pokna negeskeun. Anjeunna ogé nyatakeun bakal tetep dina posisina minangka kritikus. Sanajan geus patepang di Istana, anjeunna mastikeun bakal terus maparin kritik ka pamaréntah.
Naon Éta Desiden?
Dina kamus élmu politik, kecap desiden ngandung harti pembangkang politik. Sahenteuna, ngarujuk ka pihak anu teu satuju atawa teu nurut ka nu ngawasa.
Pihak anu sacara kabuka nangtang kawijakan, idéologi, jeung otoritas kakawasaan anu sah, sarta nangtung sabagé oposisi kana arus utama kakawasaan.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments