Kolom Sosial Politik

Asal Ulah Persija!

0

 

Ku: Ridhazia

DIBERITAKEUN, Persib Bandung masih boga poténsi kuat pikeun jadi juara Liga 1 2025/2026 dibanding Borneo FC Samarinda.

Sanajan duanana sarua ngumpulkeun 66 poin, Persib ayeuna kénéh nangtung di pucuk klasemén lantaran unggul head-to-head (H2H) tina Borneo FC.

Ulah Persija!

Lamun nepi ka ahir liga Persib kudu kasalip ku Borneo FC Samarinda, keur sabagian mah teu jadi soal. Asal ulah nepi ka dimenangkeun ku Persija Jakarta nu ayeuna nangtung di posisi katilu klasemén.

Pikeun Bobotoh, ningali Persija ngangkat tropi téh mangrupa hal anu beurat pisan pikeun ditarima. Sajarah panjang konflik antar suporter jadi catetan kelam anu can bisa leungit.

Perseteruan Maung Bandung jeung Macan Kemayoran sok disebut minangka salah sahiji rivalitas pangpanasna di Asia. Unggal patepung, Persib jeung Persija salawasna mawa beban sajarah nu teu kungsi pareum.

Leuwih ti éta, sentimen négatif di média sosial remen nambahan panas kaayaan jadi leuwih émosional. Amarah antar suporter teu jarang nepi ka ngaleuwihan wates.

Ti Mimiti 1930-an

Rivalitas Persib Bandung jeung Persija Jakarta geus aya ti mangsa kolonial Walanda, kira-kira taun 1930-an.

Dina mangsa harita, duanana klub masih maké ngaran BIVB (Bandoeng Inlandsche Voetbal Bond) jeung VIJ (Voetbalbond Indonesische Jacatra).

Persaingan beuki ngagedur dina era Perserikatan taun 1950-an nepi ka 1980-an. Unggal pertandingan antara Persib jeung Persija sok dianggap laga gengsi.

Kaayaan sarupa terus kajadian nepi ka asup ka era Liga 1 saprak 2017, nu dina usum 2025/2026 robah ngaran jadi BRI Super League.*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.