Ku: Ridhazia
DIBERITAKEUN, 16 mahasiswa UI kaancam dipidana patali jeung paguneman seksis di média sosial. Leuwih jauh deui, maranéhna bisa waé dihukum panjara.
Naon sabenerna éta?
Paguneman seksis sacara pidana ngarah kana pelecehan seksual sacara verbal. Laku lampah silih kirim narasi jeung poto nu ngandung unsur birahi dikategorikeun minangka kekerasan seksual berbasis éléktronik.
Paguneman anu muatanana seksual, saperti nu kajadian dina grup chat atawa média sosial, bisa dipidana lamun aya laporan ti korban, utamana lamun éta paguneman teu dipikahayang, teu pantes, sarta ngalanggar norma kasopanan.
Paguneman seksis ogé dianggap minangka tindak pidana lamun miboga tujuan pikeun ngahinakeun, nyieun teu ngarareunah, atawa nyigeung korban sacara seksual.
Fenomena ieu remen disebut minangka casual sexism, nyaéta sikep, ucapan, atawa paripolah anu miboga nuansa seksis.
Dipanjara
Palaku bisa dijerat ku Pasal 281 KUHP ngeunaan palanggaran kasopanan atawa Pasal 315 KUHP ngeunaan panghinaan hampang.
Ancaman hukumanna rupa-rupa, mimiti ti kurungan 4 bulan nepi ka 2 taun 8 bulan.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis dan kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments