Kolom Sosial Politik

Indonesia Nagara Pajeg

0

 

Ku: Ridhazia

SIHORENG Indonesia  jadi hiji-hijina nagara nu miboga rupa-rupa jenis pajeg jeung rétribusi panglobana di dunya. Kacatet sahenteuna aya kira-kira 43 rupa pungutan.

Teu kaleuleuwihi lamun sistem perpajegan di Indonésia karasa siga nu dirancang pikeun “nyekek” rahayat. Ari timbal balik tina panghasilan pajegna mah kacida handapna lamun dibandingkeun jeung nagara-nagara séjén.

Balukarna, kamampuh nagara pikeun nyayagikeun palayanan publik haratis atawa subsidi ka rahayat, saperti atikan luhur haratis atawa bantuan sosial, jadi leuwih kawates sarta leuwih timpang batan nagara-nagara tatangga.

Panggoréngna di Dunya

Sanajan lain nu panggoréngna di dunya, séktor perpajegan di Indonésia ti baheula kénéh remen jadi sorotan.

Bank Dunia kungsi ngritik yén beban pajeg di Indonésia leuwih loba ditanggung  ku rahayat kelas menengah ka handap ngaliwatan pajeg konsumsi (PPN).

Sedengkeun jalma-jalma beunghar, sacara proporsional, mayar pajeg leuwih saeutik lamun diukur tina sakabéh kabeungharanana. Pajegna henteu dumasar kana total aset atawa total kabeungharan bersih.*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung,Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.