Ku: Ridhazia
MOT minangka “agén parobahan” ngandung harti yén sipat hirup anu fana téh jadi pangjurung utama pikeun évolusi jeung pembaruan.
Lamun euweuh tungtung tina siklus nu heubeul, moal aya rohangan pikeun kahirupan anyar, inovasi, atawa évolusi sangkan bisa tumuwuh jeung mekar.
Falsafah ieu jadi kawentar ngaliwatan pidato Steve Jobs di Universitas Stanford. Anjeunna (1955–2011) téh urut CEO sarta visionér utama pausahaan téknologi kelas dunya, ogé tokoh jenius anu ngararancang rupa-rupa produk ikonik nu sanggup ngarobah gaya hirup masarakat modéren.
Kasadaran Anyar
Pikeun Jobs, maot lain saukur ahir kahirupan. Maot jadi pangéling-ngéling yén waktu téh aya watesna. Ku kituna, ulah miceunan waktu, hirup kudu leuwih sajati, sarta boga tekad pikeun ngudag hal-hal anu enya-enya miboga harti.
Pamadegan anu jero ngeunaan maot ogé loba dipedar dina rupa-rupa pustaka filsafat baheula. Dina éta pamadegan, maot lain dianggap minangka karuksakan anu mutlak, tapi hiji prosés transisi anu méré ajén jeung rasa penting kana ayana manusa.
Steve Jobs ngartikeun maot anu dimaksud minangka maot métamorfosis, nyaéta ruksakna kabiasaan heubeul, karir, atawa pola pikir baheula sangkan bisa lahir deui jadi pribadi anu leuwih hadé.
Maot métamorfosis jadi hiji titik balik anu radikal, lain deui mangrupa ahir anu tragis. Sabalikna, éta jadi pangjurung anu kuat pikeun ngagancangkeun transformasi nuju kana vérsi diri anu leuwih hadé.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.



































Comments