Kolom Sosial Politik

Panineungan Prof. Muchtar Affandi: Kahirupan dina Jaman Pendudukan Jepang (1)

0
Pasukan Jepang keur mere conto cara ngahormat ka barudak di Pulau Jawa, 1942. (Foto: Sundanes/Timereem.com)

Ku: H. Tatang Sumarsono

DINA  Perang Dunya Kadua, taun 1942, kakuatan tentara Hindia Walanda anu dideudeul ku pasukan Sekutu teu mampuh ngayonan pasukan Jepang anu haranjat di Érétan, Indramayu.

Dina itungan poé, pasukan Jepang mampuh ngéléhkeun musuh-musuhna. Kakuatan Hindia Walanda anu dipuseurkeun di Bandung ahirna ancur, sanggeusna tentara Jepang ngajorag ti beulah kalér, ngaliwatan Subang jeung Lémbang.

Ti harita wewengkon, Hindia Walanda dikawasa Jepang. Bangsa urang ganti dunungan ka Jepang.

Prof. Muchtar Affandi (dua periodeu jadi Rxktor Unpas), anu dina taun 1942 jeneng mantri pulisi di Kawadaan Sagalahérang, kaasup salah saurang saksi sajarah anu nyaksian kumaha waé paripolah tentara Jepang di tanah jajahanana. Dina mémoarna, Muchtar Affandi ngadadarkeun pangalamanana. Geura urang cutat sabagian.

 

Ku sabab kaayaan beuki teu aman, ahirna Pa Wadana nyaur kuring. Saurna, “Urang mah da pamongpraja, boga tanggung jawab téh ngurus rahayat. Piraku ku urang rék diantep waé, atuh tangtuna gé bakal leuwih riweuh. Ari ayeuna, saha atuh anu nyekel kakawasaan di urang téh?”

“Mémang enya, Walanda téh geus kasoran perangna, hartina geus teu kawasa deui di wewengkon jajahanana. Ayeuna mah Ayi dipénta wayahna waé, da Ayi mah ngora kénéh. Jig atuh pangmapaykeun ka anu keur kawasa, kudu kumaha kituh urang di dieu téh?” saur anjeunna deui.

Kuring kadua Kopral Danu (saenyana ari nyebut téh sok Pa Opang waé) arindit ka Subang kana sapéda, rék nepungan komandan pasukan Jepang. Boro-boro aya kandaraan anu pasulabreng di sajajalan téh, ari lain sakali-kalieun kendaraan militér Jepang mah. Sajajalan téh éstu sepi, da rahayat mah masih marubus kénéh. Sajeroning kuring duaan ngaboséh sapéda, anu kapanggih téh ukur ruruntuk mobil jeung teng waja.

Lian ti éta, kungsi deuih manggihan layon serdadu Australia anu geus mimiti buruk di gigireun mariem penangkis serangan udarana. Ti heula sok rajeun ngadéngé, cenah tentara anu nyekel senjata kitu sok diranté kana senjatana. Ari maksudna mah sangkan teu nyarumput lamun aya serangan udara téh, tapi males ngabedil ku mariem. Tétéla geuning kitu téh lain ukur béja, lantaran kuring nyaksian sorangan. Harita ogé éta layon téh masih kénéh diranté kana mariemna anu geus jadi ruruntuk.

Sacundukna ka Subang, kuring langsung ngajugjug ka kantor komandan. Harita markas komando téh geus dipindahkeun ti Kalijati ka gedong urut adimisntrasi P&T Lands di Subang. Nya lapor ka nu jaga yén kuring seja nepungan komandanna. Kabeneran waé harita téh di antara maranéhna aya anu rada taram-taram kana basa Inggris. Nya ahirna kuring bisa ditepungkeun jeung komandan tentara Jepang anu ngawasa daérah peperangan di Kalimantan, Sumatra, jeung Jawa.

Kuring laporan, ngaliwatan dua juru tarjamah, duanana urang Cina. Anu saurang bisaeun basa Inggris, anu saurang deui bisaeun basa Jepang. Mimiti kuring ngomong maké basa Inggris. Ku juru tarjamah kahiji, omongan kuring dilisankeun deui dina basa Cina. Geus kitu, ku juru tarjamah kadua, dikedalkeun deui dina basa Jepang. Atuh caritaan ti komandan tentara Jepang kitu deuih ditepikeunana kana ceuli kuring téh ngaliwatan juru tarjamah.

Cindekna mah harita kuring laporan yén di daérah Sagalaherang téh keur kosong pamaréntahan. Antukna terus timbul kakacowan. Kudu kumaha atuh pikeun mémérésna?

Mémang, cenah, di daérah pangperangan mah anu nyekel tanggung jawab téh pihak militér. “Ayeuna anjeun kudu tunduk kana kakawasaan militér Jepang,” pokna ka kuring.

Ari sual éta, ceuk kuring ogé moal rék baha. Tapi, cing atuh kuring béré tanda bukti ti anjeun, anu nétélakeun yén kuring téh resmi dibéré pancén katut wewenang pikeun ngalaksanakeun kaamanan jeung katartiban masarakat.

Paménta kuring ditedunan. Harita kénéh Sang Jénderal Jepang téh nanda tangan surat anu ditulisna ku aksara kanji. Song dibikeun ka kuring. Teuing naon persisna eusi éta surat téh, ngan cenah mah mangrupa hiji katerangan yén kuring dibéré wewenang jeung hak pikeun ngajaga kaamanan jeung katartiban.

Sanggeus nyekel éta surat mah, ngarasa jongjon kuring téh. Basa panarjamah anu bisaeun basa Inggris téa ngajajapkeun kuring tepi ka lawang pangjagaan, ku kuring ditanyakeun, saha jénderal anu tadi narima kuring téh? Jawabna téh, mun kuring teu kaliru mah, Jénderal Imamura, komandan angkatan perang Jepang di wewengkon Pasifik beulah kulon, nu ngawengku Pulo Sumatra, Jawa, jeung Kalimantan. Wallohualam bener henteuna katerangan si juru tarjamah téh.

Basa keur balik, laha-loho ka puseur kota. Dina lebah hiji parapatan jalan manggih deui mayit tentara bangsa kulit putih nu disalib. Ngahaja dipasang di parapatan tempat liliwatan umum, supaya kanyahoan ku balaréa kumaha beuratna hukuman pikeun anu ngalawan kakawasaan pamaréntah militér Jepang.

Sadatangna deui ka Sagalahérang, sanggeus kuring nyanggakeun laporan ka Pa Wadana,terus dipiwarang ngeprik rahayat sina ngumpulkeun bedil anu dipiceunan ku urang Walanda téa. Lamun diantep, bisi engkéna dicarokotan ku anu taya hak, terus digunakeun pikeun kajahatan.

Aya kana dua mingguna ngumpulkeun bedil téh, da di jero pendopo kawadanaan téh mani geus numpuk.

Ari heuleut sawatara poé ti harita, gurudag aya tentara Jepang nu samagréng ku pakarang, lobana genep treuk. Barang tepi ka buruan kawadanaan téh maranéhna jol-jol breng waé ningker ti saban jurusan.

Puguh baé anu araya di kantor téh ngarasa reuwas kacida. Kuring neger-neger manéh, terus nyampeurkeun ka komandanna, mun teu salah mah pangkatna téh kaptén. Kabeneran deuih rada bisaeun basa Inggris.

Éta kaptén tumanya, keur naon ngumpulkeun senjata saloba-loba? Atuh ku Pa Wadana jeung ku kuring diterangkeun satarabasna yén éta téh senjata anu dipiceunan ku urang Walanda. Ayeuna ku pihak kawadanaan dikumpulkeun, lantaran bisi digunakeun ku anu teu hak pikeun tujuan kajahatan. Dikitukeun mah manéhna terus unggut-uggutan.

“Jig baé bawa bedil téh, da urang dieu mah teu barutuheun,” saur Pa Wadana.

Naon pangna tentara Jepang daratang ka Sagalahérang?

Singhoréng, cenah, aya laporan anu asup kapihak pasukan Jepang di markasna yén Wadana Sagalahérang jeung rahayat rék barontak ka pamaréntah Jepang. Malah ayeuna ogé keur ngumpul-ngumpulkeun senjata minangka tatahar awalna, cenah. Anu matak tentara Jepang téh gancang ngagurudag bari dina kaayaan siap tempur. Hadéna waé maranéhna téh mapaykeun heula, henteu ujug-ujug nyerbu.

Pikeun nguatan katerangan, ku Pa Wadana, surat anu ditarima ti komandan tentara Jepang di Subang téa ditémbongkeun ka Si Kaptén. Ku manéhna dibaca gemet pisan. Najan kitu, angger baé eusi kantor téh dipariksa. Laci, méja, jeung lomari dibukaan.

Barang muka lomari Pa Wadana, di kamar pangkulemanana, Si Kaptén téh manggihan kantong dieusi duit. Gedé ogé jumlahna téh, da éta téh lobana tilu bulaneun gajih nu tacan sabaraha lila katarimana ku Pa Wadana ti kas negri. Dibagikeunana ku kas negri basa geus datang bahaya Jepang rék nyerbu. Bus baé ku manéhna—Si Jepang téa, dipésakan kantong téh.

Harita, Pa Wadana ogé ningalieun. Anjeunna kalah ngiceupan ka kuring. Kaharti ku kuring yén ulah geruh, bisi jadi kapapanjangan, bisi aya matakna. Atuh kuring ogé surti.

Jigana mah Si Kaptén ogé nyahoeun yén kuring nyérangkeun kalakuanana. Antukna surat katerangan paméré Jénderal Jepang téa ku manéhna téh teu dibikeun deui ka kuring. Da kalah terus disakuan. Meureun sieuneun bisi kuring lapor ka atasanana. Puguh baé matak hanjakal pisan éta surat teu kapimilik deui ku kuring téh, sabab pikeun kuring sakuringeun mah dianggap miboga ajén sajarah.* (nyambung)

  * H. Tatang Sumarsono, jurnalis jeung kolumnis, carponis jeung novelis, budayawan jeung sastrawan Sunda nu dua kali dileler Hadiah Sastra Rancage, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

 

 

You may also like

Comments

Comments are closed.