Ku: Ridhazia
JUSUF Kalla (JK) humandeuar sanggeus dirina dilaporkeun ka pihak kapulisian alatan eusi ceramahna di Universitas Gadjah Mada (UGM) nu dianggap ngandung unsur penistaan agama.
Mantan wakil présidén, politisi sarta pangusaha turunan Bugis éta saterusna méré klarifikasi yén nu dicaritakeun ku anjeunna téh ukur fakta sajarah ngeunaan konflik nu tungtungna nyangkaruk kana isu agama.
PLTU
Fenomena politisi sepuh anu masih kénéh ngadominasi panggung pulitik henteu ngan kajadian di Indonésia, tapi ogé jadi gejala global.
Sanajan kagiatan dina panggung pulitik pikeun kalangan lansia henteu sacara mutlak dianggap “teu hadé”, tapi tetep nimbulkeun kahariwang. Utamana patali jeung faktor kaséhatan sarta kamungkinan stagnasi gagasan.
Ayana politisi sepuh nu masih aktif ilaharna dianalogikeun jeung Pembangkit Listrik Tenaga Uap (PLTU): masih kénéh jalan, tapi téknologina dianggap geus kolot.
Geus Rapuh
Ungkara “politisi sepuh geus rapuh” remen dipaké pikeun ngagambarkeun yén figur pulitisi lansia dianggap teu saluyu deui jeung tuntutan jaman.
Aranjeunna dinilai teu mampuh nampilkeun gagasan anyar jeung inovatif nu diperlukeun dina era digital jeung kapamingpinan progresif.
Leuwih ti éta, aya ogé stigma yén politisi kolot remen nahan status quo, hésé narima parobahan, nepi ka ngajadikeun bentang pulitik karasa kaku.
Ngaco!
Dina sababaraha studi, kaayaan lansia sok diidentikkeun jeung kabiasaan nyarita teu puguh, teu écés, sarta kacida sénsitipna nepi ka gampang kaceuceub.
Fenomena ieu mindeng dianggap lumrah kajadian dina kalangan lansia, malah bisa jadi indikator robahna fungsi kognitif nu mangaruhan daya inget jeung paripolah.
Teu nutup kamungkinan aya nu ngalaman paranoia, nyaéta kaayaan méntal nu dicirian ku rasa curiga kaleuleuwihi, teu percaya ka batur, sarta kasieun tanpa bukti nu kuat.
Ulah Débat!
Pernah ditepikeun ku politisi ngora Sandiaga Uno patali jeung Ma’ruf Amin. Anjeunna nyebutkeun yén adu debat jeung tokoh senior sawadina mindeng dihindari lantaran alesan ngahormat.
Salian ti éta, nyingkahan debat jeung politisi senior ogé bisa ditempo minangka wangun apresiasi kana pangabdian panjang, jasa anu luar biasa, sarta kontribusina pikeun nagara.*
* Ridhaziam dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djai, junalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments