Ku: Ridhazia
PERANG Dunya ka-tilu geus dimimitian. Tapi disumputkeun sarta sumebar dina sagala lini: ti militér nepi ka narasi informasi.
Malah, platform Tiktok disebut-sebut geus asup kana pusaran perang modéren ieu.
Kameunangan dina konflik ayeuna lain diukur tina nyérang atawa ngajajah hiji wilayah, tapi tina hasil ngagagalkan rencana musuh ku sabotase ékonomi, agitasi sosial, sarta destabilisasi internal.
Dimimitian ti Ukraina
Kacampur leungeun nagara-nagara NATO dina konflik Ukraina ngalawan Rusia jadi tanda yén perang dunya ka-tilu geus lumangsung.
Amérika Sarikat nu condong agrésif jeung konfrontatif ayeuna masih bisa dikontrol ku kakawasaan Cina jeung Rusia. Dua nagara éta jadi ancaman pikeun dominasi géopolitik jeung idéologi Kulon (Barat).
Pasalia ieu ngagambarkeun konflik strategis dua kakuatan badag nu silih tarung pikeun pangaruh internasional, kalayan penguasaan téknologi jadi konci pikeun dominasi.
Graham Allison dina bukuna Destined for War: Can America and China Escape Thucydides’s Trap? (2017) ngungkabkeun yén ketegangan antara Amérika jeung Cina téh kusabab Cina lain ukur nyongcolang dina ékonomi, tapi ogé dina pangaruh pulitik, utamana téknologi, nu jadi tangtangan pikeun dominasi Amérika Sarikat.
Bédana jeung jaman Perang Tiis (Cold War) antara Amérika jeung sekutuna ngalawan Uni Soviét taun 1947-1991 nu fokusna kana militér jeung nuklir, sarta dibédakeun ku idéologi, perang dunya ayeuna leuwih museur kana téknologi jeung dominasi ékonomi digital.
Adidaya Cina
Sajalan jeung ngaronjatna populasi jeung ékonomi, Cina geus jadi adidaya anyar dina élmu pangaweruh, nu mana mahadata (big data) jeung algoritma jadi bagian penting dina perang téknologi.
Utamana ti saprak taun 2018, Cina jadi nagara nu miboga publikasi ilmiah panglobana di dunya, utamana dina widang-widang strategis, saperti AI (intelijensi jieunan), élmu bahan, jeung énergi terbarukan.
Tiktok!
Jeung dina fénoména perang dunya modéren ieu, média sosial Tiktok disebut-sebut nyangking peran penting.
Amérika Sarikat nuduh yén Tiktok bisa dipaké ku Pamaréntah Cina pikeun ngaksés data pribadi. Ieu platform média sosial nu dijieun ku ByteDance sarta diadegkeun ku Zhang Yiming di Beijing, aslina mah difokuskeun pikeun ngagregasi bérita.
Tapi pikeun Amérika, platform ti Cina ieu geus dianggap jadi pakarang pikeun mangaruhan opini publik dunya nu matak hariwang. *
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.





































Comments