Ku: Ridhazia
TEU makmur sacara ékonomi tapi bagja. Éta gambaran Indonesia dumasar kana panalungtikan panganyarna ti Universitas Harvard Amerika Serikat anu dipedalkeun dina jurnal Nature Mental Health (2015).
Bayangkeun waé, Indonesia nempatan peringkat pangluhurna minangka nagara anu boga tingkat karaharjaan sacara nyeluruh (flourishing) pangluhurna di dunya.
Panalungtikan anu dijudulan Global Flourishing Study ieu nalungtik leuwih ti 203 rebu réspondén di 22 nagara. Ari indikator paniléyanana ngawengku kaséhatan, hubungan sosial, katangguhan finansial, ogé aspék spiritualitas.
Kabagjaan Sajati
Papanggihan ti Harvard ieu jadi pangéling yén kabagjaan sajati teu salawasna sarua jalanna jeung kamakmuran ékonomi.
Kanyataanna, di nagara-nagara maju jeung modéren, lain waé rahayatna bagja, tapi malah loba nu ngarasa kasépian jeung hirup dina tekanan anu kacida beuratna.
Sedengkeun di Indonesia, kalayan sagala kasederhanaanana, kahirupan masarakat karasa leuwih pinuh ku harti, rasa sukur, jeung kabersamaan.
Ngan teu disebutkeun, di mana kapanggihna lokasi kahirupan nu disebat “surgawi” éta di sakuliah Nusantara.
Sabalikna
Laporan vérsi Universitas Harvard ieu sabalikna jeung Laporan Kabagjaan Dunya 2025.
Finlandia deuih nempatan peringkat kahiji salila dalapan taun noron (berturut-turut). Sedengkeun Indonesia aya di peringkat ka-83 sacara global tina 147 nagara.
Malah lamun dibandingkeun jeung nagara tatangga di Asia Tenggara, kabagjaan rahayat Indonesia katingali leuwih handap batan Singapura, Vietnam, Thailand, Filipina, jeung Malaysia.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments