Kolom Sosial Politik

Har, Naha Kasejahteraan Guru Kadeseh Ku MBG?

0

Ku: Wati Susilawati

DUMASAR  kana data panganyarna survei World Top 20 Education Poll nu dirilis Januari 2026, peringkat atikan Indonesia di tingkat dunya masih aya dina posisi ka-67 tina 203 nagara.

Masalah kasejahteraan guru di Indonesia miboga korelasi anu kuat jeung turunna kualitas pangajaran sarta mutu atikan sacara umum.

Éfék Domino

Masalah kasejahteraan guru nyiptakeun éfék domino nu mangaruhan motivasi, fokus, jeung kompeténsi guru di kelas.

Rupa-rupa panalungtikan ngabuktikeun yén fenomena gagalna guru jadi profesional mindeng ngakar tina isu fundamental: handapna tingkat kasejahteraan.

Nalika saurang pendidik kudu nyanghareupan kaperluan ékonomi sapopoé, fokusna kana tugas ngadidik jadi kabagi. Ieu kaayaan sacara langsung mangaruhan kana kualitas pangajaran di kelas.

Utamana dina kamampuhan ngawasaan métode pangajaran jeung kompeténsi pedagogik. Dina tungtungna, hal ieu bakal mangaruhan kana kabentukna ékosistem kelas anu séhat tur kondusif.

Kasenjangan Panghasilan

Indonesia kénéh gumantung kana guru honorer alatan kakurangan guru ASN nu digaji ku nagara. Dina ahir 2025, jumlahna ngahontal kira-kira 56 persén atawa 2,6 juta tina total 3,7 juta guru.

Kasenjangan panghasilan guru honorer kacida jauhna ti standar UMP. Malah aya nu ngan narima Rp300-400 rébu per bulan, jauh di handap panghasilan profesi séjén.

MBG

Masalah kasejahteraan guru kudu jadi prioritas, sabab profesionalisme mangrupa sarat utama pikeun ngaronjatkeun kualitas atikan.

Tapi  kanyataanna, solusi nu ditawarkeun pamaréntahan dina mangsa Présidén Prabowo dianggap jauh tina harepan.

Tibatan nutupan kakurangan sakitar 374.000 guru ASN dumasar analisis beban kerja Désémber 2024, sakitar 67 persén tina APBN 2026 pikeun sektor atikan malah diprioritaskan kana program Makan Bergizi Gratis (MBG). *

 * Dr. Hj. Wati Susilawati, M.Pd. dosen Fakultas Tarbiyah dan Kependidikan (FTK) sarta Program Pascasarjana UIN  Sunan Gunung Djati, Bandung.

You may also like

Comments

Comments are closed.