Kolom Sosial Politik

Ngalawan Ku Stoikisme

0

 

Ku: Ridhazia

FERRY Irwandi kudu “paheula-heula” jeung tentara. Sahanteuna tilu jéndral nu boga rencana ngadorong aktivis média sosial ieu ka pulisi.

Lalaki urang Minang ieu dituduh nyebarkeun informasi palsu ngeunaan darurat militer patali jeung démonstrasi ahir Agustus 2025.

Tibatan sieun  jeung ngalawan, manéhna nembongkeun sikep nu kalem. Ogé henteu mungkir. Ngaliwatan unggahan dina akun Instagram pribadina, manéhna ngomong rék nyanghareupan éta pasualan.

“Tenang waé Pa Jéndral, abdi henteu kungsi lumpat, abdi ayah kénéh di Jakarta, abdi moal lumpat ka Singapura, Cina, jeung sajabana Pa,” pokna tandes.

Alumni Central Queensland University, Australia, anu keur neruskeun kuliah S3 di Monash University ieu teh, tétéla manggihan katenangan ngaliwatan filsafat Stoikisme.

Sebab keur dirina, wani ngedalkeun bebeneran téh warisan anu kudu dimulyakeun.

“Ide téh teu bisa dibunuh atawa dipanjar,” kitu salah sahiji réfleksi filsafat anu ngagambarkeun lalampahan intelektual jeung aktivismena.

Dipapandéun ku Stoikisme

Sosok aktivis ieu tétéla geus wawuh jeung Stoikisme ti saprak 2017, hiji aliran filsafat abad ka-3 SM anu diadegkeun ku Zeno ti Citium di Athena.

Pikeun Ferry, stoikisme anu sumebar jeung mekar sanggeus dikembangkeun ku para filsuf Seneca, Epictetus, jeung Kaisar Romawi Marcus Aurelius jadi hal anu pikaresepeun pikeun diteliti lantaran nekenkeun kana pentingna kahadéan (kabajikan).

Filsafat ieu mapandéun dirina pikeun ngabédakeun naon anu bisa jeung henteu bisa dikadalikeun dina kahirupan pikeun ngahontal katengtreman batin sarta nyingkahan kaceuceubaan.

“Filsafat ieu bisa jadi ‘ubar’ keur individu anu mindeng kaleuleuwihi mikir (overthinking) atawa ngarasa gagal,” ceuk pangadegna Tan Malaka Project, hiji gerakan pamikiran anu kahudang ku tokoh révolusi Tan Malaka (1897-1949).*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.