Ku: Ronaz
PIKEUN umat Islam, bulan Ramadhan atawa bulan puasa éstu jadi wanci nu dianti-anti, mangsa nu utama pikeun ngadeukeutkeun diri ka Gusti Alloh Nu Maha Kawasa. Tapi lain hartina jauh tina ngurus dunya, puasa saenyana pisan ngaraketkeun hubungan jeung papada jelema malah kadituna jeung papada makhluk. Ceuk para ulama, alesan kudu puasa téh pikeun ngadeukeutkeun rasa jeung papada manusa. Batur lapar jeung hanaang sabab teu boga dahareun, pon kitu deui urang nalika puasa kudu ngarasakeun kumaha teu ngeunahna lapar jeung hanaang ku ngalokanan puasa.
Di bulan ieu pisan Al-Qur an munggaran diturunkeun ka kangjeng Nabi Muhammad Saw ngalangkungan malaikat Jibril. Mun dititénan, Al-Qur an lungsur munggaran dina nalika Kangjeng Nabi khalwat, nyaéta mujasmédi di Guha Hiro alatan leneng ningali kalakuan bangsa Arab harita nu teu walagri. Nya mujasmédi na Kangjeng Nabi téh hiji cara pikeun ngaji diri maca awak anu direspons ku Gusti Alloh ngalungsurkeun wahyu munggaran nyaéta surat Al-‘Alaq ayat kahiji dugi ayat kalima. Kajadian ahéng ieu nu teu weléh dijadikeun panginget umat Islam di bulan Ramadhan ku ngayakeun pangéling ngéling turunna Al-Qur an dina acara nuzulul Qur an.
Tétéla, penting pisan pikeun manusa keur ngaji diri maca awak nalungtik kaayaan nasib diri bagja awak supaya bisa boga rasa rumasa. Al-Qur an moal turun deui, tutup lawang sigotaka sabab geus sampurna jeung nyampurnakeun kitab-kitab suci saacana. Ku kituna ngaji Qur an kudu dibarengan ku ngaji diri maca awak pikeun ngasah haté sangkan bisa silih asah, asih, asuh jeung silih wawangi.
Prof. Dr. KH. Zainal Abidin ngagambarkeun pentingna ngaji diri maca awak dina tembang nu dijudulan Tugas Urang. Kieu haleuangna:
Tugas urang teh ibadah ka Pangeran….
Ka Gusti Allah Dzat anu murbeng Alam….
Jeung sasama urang teh silih ajenan… ka pakir miskin anak yatim sing heman.
Kesadaran datang ti diri sorangan…. boga niat hirup Dina kasolehan…
ngajauhkeun diri tina kamungkaran….
Hirup hurip Saluyu jeung kafitrahan…
Kiwari Kuring geus ngarasa kaduhung… laku lampah jauh ti papagon hukum.
loba dosa ka bapa reujeung ka indung….
Acan bisa sembah sujud ka Yang Agung…
Abdi rumaos jadi jalma doraka…. abdi pasrah nyanggakeun sadaya-daya… Abdi yakin Gusti NU murbawisesa… Ngahampura ka hamba nu loba dosa…
Cing cangkeling manuk cingkleung cineten.. Cing sing areling di Dunya teh moal langgeng…
Cing cangkeling mawa bilik ka Cimanggung… Cing sing areling bakal balik ka Yang Agung…*
*Ronaz, alumni S3 Kajian Media dan Agama Pascasarjana UIN Sunan Gunung Djati, aktivis pemberdayaan masyarakat, pembimbing haji jeung umroh, Ketua Bidang I Pengurus Wilayah Mathla’ul Anwar (PWMA) Jawa Barat, Ketua Prodi Pengembangan Masyarakat Islam (PMI) Fidkom UIN SGD, nganjrek di Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat.
Comments