SundaNews (5-12-2024). Sanajan langit angkeub mendung jeung hujan, para pagawé perbaikan jalan ti PT. Trie Mukti Pratama Putra tetep fokus jeung sumanget ngabebenah jalan raya di Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat, Rebo (4/12/24). Patugas digawé kalayan maksimal pikeun ngabongkar jeung nambal permukaan jalan sangkan leuwih aman jeung merenah pikeun dilintasi. Ku ayana perbaikan ieu, diharepkeun arus lalu lintas di Rancaekek lancar, aman, jeung merenah pikeun nu make jalan (Foto: SundaNews/Khusnul Yulida).
Comments