KLIK

Museum Geologi Bandung Salila Usum Liburan Pagegek

0

SundaNews (10/01/2025). Musieum  Geologi  Bandung nu perenahna di Jl  Diponegoro gigireun Gedong Sate,  Bandung, Jawa Barat, nu diadegkeun dina 16 Méi 1929, kungsi direnovasi kalayan waragad ti JICA (Japan International Cooperation Agency). Sanggeus rénovasi réngsé, Musieum Geologi dibuka deui jeung diresmikeun ku Wakil Présidén RI, Megawati Soekarnoputri dina 23 Agustus 2000.
Minangka monumen sajarah, musium ieu aya dina panangtayungan pamaréntah sarta mangrupa warisan sajarah nasional. Di museum ieu, rupa-rupa bahan géologi disimpen jeung dikokolakeun, kayaning fosil, batu jeung mineral. Sakabéh bahan ieu dikumpulkeun salila gawé lapangan di Indonésia saprak 1850.  Dina usum  liburan sakola tungtung  Desember 2024 tug nepi ka awal Januari 2025 kamari, Musieum Geologi unggal poe pagegek pinuh ka pangunjung nu daratang ti sakuliah Indonesia. Parkir beus di sabudeureun musieum nepi ka belasanana. (Foto: SundaNews/Renaldy Putrakarana)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in KLIK