Oleh: Ridhazia
NYEBARNA rasa benci jeung pasualan geus jadi “menu” sapopoe di Indonésia ieu. Muncul kalawan bébas di rohangan publik. Teu dianggap hal anu kudu disumputkeun deui, komo nepi ka dianggap hal biasa.
Ngadadarkeun kalakuan jeung omongan anu ngahinakeun, mikir goréng ka batur, geus jadi hal lumrah. Teu aya deui rasa isin, komo rasa salah atawa dosa ngabalukarkeun batur jadi kaceupeul.
Salaku Kajahatan
Di nagara anu ngaku beragama ieu, média sosial siga rohangan kosong anu bisa dieusian ku naon waé pikeun nyebarkeun pasualan jeung konflik.
Poho yén kalakuan nyebarkeun kabencian sacara kabuka téh dina hukum agama disebut ghibah atawa fitnah, nya éta ngobrolkeun kalemahan batur tanpa fakta. Eta téh kaasup kajahatan manusa.
Naon ari kabencian téh?
Dina sudut pandang psikologi, kabencian téh teu boga sabab tunggal. Biasana mah minangka réaksi émosional anu kaleuleuwihi. Ngaleuwihan wates kawajaran manusa anu rasional.
Eta kabencian téh mangrupa akumulasi rupa-rupa émosi kompléks, saperti ambek, kuciwa, pait hate, jeung rasa frustasi, nepi ka dendam lantaran ngarasa aya kateuadilan dina sistem politik.
Kabencian ogé bisa asalna tina anggapan, citra, atawa kapercayaan négatif kana hiji jalma atawa kelompok tangtu. Eta anggapan négatif disebut stereotip.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkim UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, pemerhati psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.


































Comments