Kolom Sosial Politik

Masjid Laweyan Diwangun Ku Pamuka Agama Hindu

0

Ku: Ridhazia

MASJID  Laweyan geus jadi ikon Kota Solo, Jawa Tengah. Ieu salah sahiji masjid pangkolotna anu nyimpen carita luar biasa. Diwangun taun 1546 tina hiji pura.

Mimitina, masjid ieu didirikeun ku Ki Ageng Beluk, saurang pamuka agama Hindu dina jaman Kasultanan Pajang.

Dina lalampahan spiritualna, Ki Ageng Beluk tuluy ngagem agama Islam sanggeus aya kasauran jeung Ki Ageng Henis, panasehat Karajaan Pajang.

Momen lalampahan spiritual ieu diteruskeun ku ngawakafkeun pura peribadatan agama Hindu sarta ngarobahna jadi masjid.

Arsitektur Pura Jawa

Kaéndahan arsitéktur Masjid Laweyan hésé kapanggih di tempat séjén. Dua belas pilar utama anu dijieun tina kai jati kuna nangtung pageuh, nyimpen carita jeung rusiah sajarah anu teu kaukur nilaina.

Utamana akulturasi budaya Jawa jeung Hindu anu katingali dina wangun hateup tajug tumpuk jeung pondasi anu jangkung, ogé tata ruang anu ngabagi masjid jadi tilu bagian luyu jeung imah tradisional Jawa.

Cindekna, Masjid Laweyan jadi salah sahiji tujuan wisata di Solo sabab matak pikabetaheun ogé unik. Keaslianna minangka pura Hindu tapi fungsina robah jadi tempat ibadah umat Islam.*

 * Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Comments are closed.