SundaNews (5-12-2024). Taman Hutan Rakyat atawa nu katelahna Tahura Djuanda Bandung, lain wae tempat piknik nu asyik tapi oge kawasan nu lega iuh tur endah pikeun nalungtik. Kusabab kitu, munasabah lamun utamana mah poe libur Saptu jeung Minggu, tahura nu lokasina di Jl. Ir. H. Djuanda 99, Ciburial Kecamatan Cimenyan Kota Bandung, estuning pada ngajugjug. Nu daratang teh sagala umur, ti barudak nepi ka rumaja, dewasa, jeung kaom lansia.
Di kawasan tahura mah, loba pisan tingalieun, loba pisan picaritaeun, malah loba pisan oge pititeneun pikeun panalungtikan tutuwuhan, tatangkalan, sasatoan. Ulah kaget, mun urang ka tahura, kadang sok dibageakeun ku rombongan monyet, satutasna arinyana gugurawilan dina tatangkalan. Pajarkeun teh, dina basa heureuyna mah, rek neangan uwa atawa bibi nu siap ngadopsi. Kaom mahasiswa kaasup nu remen pisan piknik jeung nalungtik ka tahura teh. Saperti nu disorang ku rombongan mahasiswa Prodi Bimbingan Konseling Islam (BKI) Fidkom UIN SGD Bandung, mangsa dua bulan katukang, Minggu 29 September 2024 (SundaNews/Aspia Suci Nurani).
Comments