SundaNews (25/12/2024). Mahasiswa Ilmu Komunikasi FISIP Unpas Bandung nu keur nyuprih elmu dina mata kuliah Komunikasi Korporat ngadongdon ka PT Faber-Castell, Cikarang Barat, Bekasi, Senen 18 Novémber 2024. Kagiatan nu diiluan ku 150 mahasiswa ieu teh minangka diajar langsung praktek komunikasi korporat di hiji pausahaan global. Salila kunjungan mahasiswa meunang wawasan ngeunaan strategi komunikasi pausahaan, pangelolaan hubungan jeung pamangku kapentingan, nepi ka prosés produksi alat tulis anu bermutu luhur anu jadi ciri khas Faber-Castell. Kagiatan ieu dimaksudkeun pikeun ngahubungkeun téori anu diajar di kelas jeung prakték nyata di dunya industri (Foto: SundaNews/Melani Amelia Nurdawai).
Comments