SundaNews (28/12/2024). Mahasiswa Ilmu Komunikasi Universitas Pasundan Bandung ngadongdon ka PT Daikin Air Conditioning Indonesia nu perenahna di Menara Astra Jakarta Pusat, Reb0 11 Desember 2024. Nu ngilu 58 mahasiswa. Tujuanana pikeun ngaronjatkeun wawasan sarta pamahaman mahasiswa ka widang komunikasi pausahaan. Ku ayana acara dongdonan langsung ka lokasi pausahaan ieu para mahasiswa dipaharep bisa numuwuhkeun wawasan sarta katarampilan praktisna utamana di widang komunikasi nu bakal jadi kaahlian elmuna jaga satutasna lulus jadi sarjana (Foto: SundaNews/Siti Puri Mutmainah).
Mahasiswa Ilmu Komunikasi Universitas Pasundan (Unpas) ngayakeun kunjungan industri ka PT Daikin Air Conditioning Indonesia sabagé usaha ngaronjatkeun wawasan jeung pamahaman mahasiswa kana dunya komunikasi perusahaan.
Kunjungan ieu diiluan ku 58 mahasiswa anu diiring ku pembimbing sarta dosén program studi Ilmu Komunikasi Universitas Pasundan. Acara lumangsung Rebo, 11 Désémber 2024, di kantor pusat PT Daikin Air Conditioning Indonesia anu perenahna di Menara Astra, pusat bisnis di Jakarta Pusat. Ayana mahasiswa dina kagiatan ieu miboga tujuan pikeun diajar sacara langsung ngeunaan palaksanaan strategi komunikasi perusahaan anu dilaksanakeun ku PT Daikin, salah sahiji pausahaan unggulan di industri AC.
Ngaliwatan kunjungan ieu, mahasiswa diharepkeun tiasa ngembangkeun wawasan praktis sareng ngalegaan pangaweruh akademikna ku ningali langsung kumaha perusahaan ageung ngalaksanakeun komunikasi perusahaan anu efektif di tengah persaingan global.
Siti Puri Mutmainnah, Lahir di Kota Jakarta. mahasiswa Fisip Unpas Prodi Ilmu Komunikasi, Aktif BPPM Unpas
Comments