Kolom Sosial Politik

Lansia: Lain Panyakit

0

Ku: Ridhazia

NGARANDAPAN jadi  kolot  téh lain hiji panyakit, tapi mangrupa prosés anu normal jeung alami alatan turunna kamampuh awak pikeun terus adaptasi jeung waktu.

Ku kituna, hasil hiji panalungtikan nunjukkeun yén lamun lansia (anjut usia) ngalaman gangguan kaséhatan, éta téh bagian anu teu bisa dipisahkeun tina siklus kahirupan.

Gangguan kaséhatan téh henteu leuwih ti prosés ngaleungitna kamampuh jaringan pikeun ngalempengkeun  atawa ngaganti diri sacara lalaunan.

Cindekna, henteu kabéh rasa teu ngarareunah alatan gangguan kaséhatan anu dirasakeun ku para lansia téh mangrupa panyakit. *

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati Bandung, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.

        

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *