Kolom Sosial Politik

Lamun “Raja Sunda” Murka

0

Ku: Ridhazia

Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi, nu mindeng diidentifikasi minangka jelmaan “Raja Sunda,” keur murka.

Manéhna ngaheruk-heruk sarta langsung maréntahkeun ngabongkar taman rékréasi di Puncak, Bogor, ti saprak dilantik jadi Gubernur Jawa Barat.

Gebrakan kahiji mantan Bupati Purwakarta ieu dipuji ku masarakat. Malahan, loba nu nyaksian langsung prosés pembongkaran éta bangunan rékréasi.

Hal éta katingali dina pidéo nu diunggah ku Dedi di akun Instagram pribadina, Kamis (6/3/2025).

Boga Jaswita

Kawani Gubernur Jawa Barat ieu hususna patali jeung palanggaran jeung izin peruntukan destinasi wisata nu diurus ku BUMD Jawa Barat, PT Jaswita (Jaswita Jabar).

Lokasi tempat wisata éta disangka jadi sabab musabab bencana banjir di wewengkon Puncak. Salian ti éta, tempat éta ogé ngalanggar aturan peruntukan lahan di Puncak. Padahal, obyek wisata ieu kakara bérés diwangun dina ahir Désémber 2024.

Luas taman rékréasi nu éndah ieu 15.000 méter pasagi, padahal nu tadina diajukeun ukur 4.300 m³. Hartina, aya panambahan nepi ka 11.000 m³.

Horee! Ieu bisa jadi poténsi pidana pikeun pajabat Jawa Barat.*

* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung kolumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *