SundaNews (07/01/2025). Lengkong Kecil mangrupa salah sahiji pusat kuliner anu nu cukup kawentar di Kota Bandung, Jawa Barat, saperti nu kasakseni dina poe Minggu 29 Desember 2024. Lokasina strategis di puseur kota, nawarkeun pangalaman kuliner rupa-rupa kadaharan jeung inuman, sarta ngahudangkeun selera kaum milenial. Ngahudang goyang rasa jeung letah. Sababna mah loba kreasi kadaharan campuran gaya buhun tradisional jeung gaya modern nu biasa dipidangkeun di hotel-hotel bintang 4-5. Ditambah deuih ku suasana nu meriah, jeung utamana harga-harga kadaharan jeung inuman nu ditawarkeun teh estuning kadongkang ku eusi dompet. Murah meriah berkualitas tea, ceuk barudak rumaja mah. (Foto:SundaNews/Gracia Geani Arashwati)
Comments