KLIK

Kota Bandung Poek Mongkleng, Iraha Caangna?

0

SundaNews (06/01/2025). Jalan raya bebas hambatan (by pass) Soekarno-Hatta Kota Bandung, Jawa Barat, saperti nu katembong dina poe Saptu peuting 9 Desember 2024, estuning poek meredong alias poek mongkleng. Kaayaan sarupa kieu teh tinangtu ngabahayakeun pikeun  kalancaran sarta kasalematan para pengendara lalu lintas. Beh dituna bisa ngondang rupa-rupa tindak kajahatan sabangsaning copet, culik,  rampok jeung begal. Kaayaan ieu oge atuh bakal leuwih ngaripuhkeun tugas aparat keamanan. Sok komo deui Kota Bandung ayeuna keur  dijejeleh ku turis mancanagara sanggeusna turis salaki-pamajikan di Jl Braga Bandung aya nu ngarogahala. Media internasional bareunta nyorot pariwisata Bandung. Walikota kapilih Muhammad Farhan baris katempuhan kumaha carana ngawujudkeun deui Kota Bandung sabage kota wisata dunia nu aman tumaninah tur  dipikameumeut ku balarea. (Foto: SundaNews/Raspati Prawiranagara)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in KLIK