Ku: Ridhazia
KORUPTOR sakelas gurita di Pertamina kamari, nu ngantongan ratusan triliun rupiah, bisa dikategorikeun minangka jalma psikopat primer nurutkeun hasil panalungtikan psikiater Renata Schoeman.
Profesor di University of Stellenbosch Business School (USB) éta nyebutkeun yén psikopat primer biasana jalma bisnis anu toxic jeung remen nyiptakeun konflik. Maranéhna manipulatif, teu boga rasa sieun atawa hariwang, sarta teu miboga rasa salah atawa kasedih.
Antisosial
Jenis psikopat ieu, nurutkeun Sang Profesor, boga hubungan anu pohara raket jeung gangguan kapribadian akut, malah nepi ka leungitna kapekaaan émosional. Kabéh laku lampahna dimotivasi ku kapentingan pribadina sorangan.
Cerdas
Psikopat primer téh sabenerna jalma anu calakan. Dina ngalakukeun aksina, maranéhna biasana manipulatif sarta bisa némbongan salaku jalma nu basajan supaya bisa ditarima sacara sosial. Malah, maranéhna condong gampang dipikaresep ku batur. Nya meureun kaasup someah darehdeh tea ceuk urang Sunda tea mah.
Diperkirakeun aya 1% tina populasi penduduk dunya nu mibanda sifat psikopat primer. Angka ieu bisa ningkat nepi ka 4%, hususna di antara para pamimpin dunya bisnis anu ngajabat di perusahaan global.*
* Ridhazia, dosen senior Fidkom UIN Sunan Gunung Djati, jurnalis jeung klumnis, paniten psikologi jeung pasualan komunikasi sosial pulitik, nganjrek di Bandung, Jawa Barat.
Comments