KLIK

Kolam Renang Cipanas Garut Jadi Favorit Wisatawan Domestik

0

SundaNews (11/01/2025).  Kolam renang cai haneut Sabda Alam Cipanas, Kabupaten Garut, Jawa Barat, nepi ka kiwari masih tetep jadi tujuan wisata favorit sanggeus liburan taun anyar. Tempat ieu, anu perenahna di kawasan Cipanas, Garut, dipikawanoh ku cai panasna anu alami sarta pemandangan alamna anu ikonik matak pikabeutaheun.  Kalayan harga tiket asup Rp50 rebu per urang, lokasi ieu dina awal taun 2025, unggal poe dipinuhan ku wisatawan domestik, boh perorangan jeung kulawarga boh wisatawan rombongan nu  daratang make  beus. Tapi, kaayaan satutasna liburan sakola rengse mah katingali rada robah.  Lain wae jumlah pangunjung nyaatan, oge nyesakeun pagawean pikeun pemilik jeung pengelola kolam renang utamana ngeunaan kabersihan jeung perbaikan fasilitas jeung sarana prasarana kolam sangkan alus jeung payus deui.  (Foto: SundaNews/Mochamad Fiky Trisandhi Rahmat)

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in KLIK