Kolom Sosial Politik

Kavling Laut: Ngagadekeun Wawasan Nusantara

0

Ku: Budi Setiawan

FENOMENA diterbitkeunana sértipikat hak guna wangunan (SHGB) jeung hak milik (SHM) kana wilayah laut di basisir kalér Jawa, saperti  di Tangerang, Subang, nepi ka Madura, nuduhkeun kumaha lemahna pangawasan nagara kana aset maritim. Laut anu sakuduna jadi ruang publik, ayeuna robah jadi “properti pribadi” kalayan légalitas anu sawadina dipertanyakeun ku balarea naha bet bisa kawas kitu?

Kasus anu mucunghul  di basisir  Tangerang nunjukkeun kumaha aparat nagara ngantepkeun palanggaran ieu kajadian. Padahal, laut mangrupa bagian tina ruang hirup masarakat basisir sarta kuduna diurus pikeun kapentingan publik, lain pikeun sakumpulan élit wungkul.

Fenomena ieu ngalambangkeun lunturna sumanget Wawasan Nusantara, hiji konsép anu negeskeun yén Indonesia mangrupa hiji kasatuan wilayah, boh ti sisi politik, ékonomi, boh sosial budaya. Ti saprak jaman Orde Baru, prinsip ieu jadi pondasi pikeun ngajaga persatuan jeung kadaulatan nagara. Tapi ayeuna, Wawasan Nusantara siga anu dipopohokeun. Kaluarna sértipikat pikeun laut teu ngan ukur nyiptakeun poténsi konflik kapentingan, tapi ogé melemahkeun kontrol nagara kana wilayah perairanna.

Kendorna pangawasan ieu ogé miboga dampak anu leuwih lega. Ngeureunkeun Wawasan Nusantara nyababkeun panyelenggara nagara pasca-Soeharto kagok dina ngajaga posisi Indonesia salaku pamingpin regional di Asia Tenggara. Lamun baheula Indonesia dihormat dina percaturan géopolitik, ayeuna kawibawaan urang beuki nyirorot lantaran lemahna kontrol kana sumber daya nasional.

Dina tingkat politik, ngabaikeun laut minangka ruang publik ogé ngahinakeun sumanget inklusivitas. Laut lain ukur pamisah antara pulo, tapi ogé minangka panghubung anu ngahiji-hijikeun skabeh pulo nu aya Indonesia. Nalika wilayah laut dikavling sacara ilegal, aksés masarakat kana sumber daya maritim beuki kawates, nyieun kasenjangan sosial jeung ékonomi anu leuwih jero.

Masalah ieu ogé nuduhkeun kumaha lemahna  panegakan hukum. Nagara kuduna tegas dina ngajaga aset maritim jeung nyegah eksploitasi anu ngarugikeun kapentingan nasional. Hanjakalna, malah aparat pamaréntahan sorangan anu kalibet dina praktik-praktik manipulatif ieu.

Masarakat kudu leuwih sadar kana pentingna laut salaku bagian tina identitas jeung kadaulatan nasional. Partisipasi aktif dina pangawasan sarta ngalaporkeun palanggaran jadi léngkah awal pikeun mastikeun pangelolaan laut anu leuwih adil. Sajaba ti éta, pamaréntah kudu nutup celah hukum anu ngamungkinkeun diterbitkeunana sértipikat pikeun laut, supaya teu aya deui kasus sarupa di mangsa nu bakal datang.

Fenomena “obral kavling laut” ieu mangrupa alarm pikeun urang sakabeh. Lamun nagara terus  ngapilainkeun wae kawas kieu, henteu mustahil di mangsa nu bakal datang, laut moal jadi milik bangsa deui, tapi ngan ukur jadi komoditas anu diparebutkeun ku nu boga aksés jeung kakawasaan.*

* Budi Setiawan,  paniten pasualan sosial politik, kungsi jadi jurnalis senior di salah sahiji media di Jakarta, alumnus FISIP Universitas Padjadjaran (Unpad), Bandung, Jawa Barat.

You may also like

Comments

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *